radar edisi 7-9 Mei 2012

Page 72

HALAMAN 24

SENIN, 7 MEI 2012 / 15 JUMADIL TSANI 1433 H

Pembagian Mobdin Fraksi Dikritik CIAMIS – Pembagian mobil dinas (mobdin) Toyota Rush untuk tujuh fraksi DPRD Ciamis menuai kritik. Kebijakan ini dianggap sebagian warga tidak manusiawi mengingat masih banyak warga yang hidup di bawah garis kemiskinan, sekolah-sekolah yang memerlukan perbaikan dan infrastruktur lainnya yang rusak. Seperti diungkapkan Ketua Front

Aksi Mahasiswa Universitas Galuh (FAM UNIGAL) Daniar Rachmanjan kepada Radar, kemarin (6/5). Menurut dia, ketujuh mobil dinas yang diserahterimakan Jumat (4/5) ini adalah untuk Fraksi PKS, Demokrat, Golkar, PAR, PKB, PPP dan PDIP. Dia mengatakan, pembagian mobil ini sangat mengecewakan warga Ciamis. Padahal, kata dia, jika ang-

garan pengadaannya digunakan untuk memperbaiki fasilitas umum yang rusak, pasti akan memberikan manfaat yang besar bagi kesejahteraan rakyat. ”Kami sangat kecewa dengan adanya pemberian mobil dinas tersebut. Kami anggap pemberian mobil itu sebagai bentuk memanjakan dewan dan menyakiti hati ke hal 23

YANA TARYANA / RADAR TASIKMALAYA

EVAKUASI. Sejumlah warga membantu mengevakuasi semen yang masih bisa diselamatkan, kemarin (6/5).

Mobil Pengangkut Semen Terperosok CIAMIS – Diduga tidak kuat menaiki tanjakan, sebuah mobil truk bermuatan 320 sak semen terperosok ke parit jalan di Jalan Kawali-

Ciamis, tepatnya di Dusun Sukaharja RT 02/01 Desa Peutirhilir Kecamatan Baregbeg, Minggu (6/5) sekitar pukul 04.30. Akibatnya, puluhan ki-

logram ikan berbagai jenis di kolam milik H Nana (75) mati karena tumpahan 150-an ke hal 23

46

at ikm i:h as str u il

at diy ha

Uhad ngarénjag bawaning reuwas ngadéngé omongan tatangga Mimi, nu ngabéjaan ngeunaan tahlil tujuhna maot Ma Iyéng. Ku ceuli Uhad mah kadéngéna lir sora béntar nu ngabeledug tengah poé érangérangan. SAPADA harita haté Uhad ngaleketey lir dipupul bayu. Bumi alam dumadakan karasana asa tungkeb. Sirahna karasa muter, panonna teu puguh tetempoan. Haté Uhad ngajerit maratan langit, ngocéak maratan jagat. Mangirang rasa pagalo jeroeun dadana, ngaleuwihan sagala beubeurat nu kungsi karandapan ku manéhna. Kareuwas, kapeurih, kasedih, merekpek ngabedah mamaras, silih badug jeung mangpirang kahariwang, ningkeran rasa kaduhung nu beuki lila beuki ngagunung. “Emaaaa.......” Uhad ngocéak tarik naker. Kudupruk manéhna ujugujug ngudupruk dina lanté teras. Nempo kitu, tatangga Mimi reuwaseun kacida. Manéhna gancang lumpat bari gegeroan ka salakina, nitah supaya mariksa kaayaan Uhad. Uhad kapiuhan. Ku tatangga Mimi tuluy dirawatan. Keur Uhad, ieu kajadian ka dua kalina ditinggal maot ku jelema nu kacida dipikanyaah. Sawatara taun ka tukang, Uhad ditinggal maot ku Sundari, wanoja nu kacida dipikabogohna. Kaayaan manéhna harita ampir sa-

rupa, Uhad kateuhak ku mangpirang kaduhung nu ngagunung jeroeun dadana. Sakumaha paribasa, kaduhung mah tara tiheula. Uhad ngan saukur bisa narima kana nasib cintana ka Sundari nu teu jucung alatan kapahung ku papastén. Manéhna ogé ngarasa jadi jelema nu milu ngabalukarkeun Sundari nepi ka tilar dunya. Kajadian maotna Sundari aya patula-patalina jeung Néng Asih. Harita Néng Asih jeung indungna dianteur ku Uhad ka Leuwidahu, ngalongok orokna Onéng, lanceuk Uhad nu cikal nu anyaran tas ngalahirkeun. Satutas ngalongok orok teh, indungna Néng Asih mah mulang tiheula, naék angkot ti Leuwidahu. Demi Uhad jeung Néng Asih ngahaja misah, mulang pandeuri. Maranéhna tuluy ulin heula, laleumpang ti Leuwidahu norobos ka daérah Tajur, bari mapay-mapay erel karéta api. Pareng bras ka lebah Cinéhél, Uhad tuluy ngajakan Néng Asih ulin ka imah Sundari di Buninagara. Ku lantaran Uhad nu ngajak, najan rada teu purun ogé antukna Néng Asih nyatujuan. Padahal harita di sakola mah, manéhna jeung Sundari téh sasat keur mumusuhan. Gancangning carita, duanana nepi ka jugjugan. Puguh wé Sundari reuwaseun kaanjangan ku Uhad. Najan bari mentegeg alatan Uhad bareng jeung Néng Asih, antukna mah duanana ditarima ku Sundari. Abong nya geus kudu kajadian, nu nganjang mawa mamala. Di jero imah Néng Asih jeung Sundari kadon tuluy paséa. Uhad nu teu bisa misah, antukna maksa ngajak balik ka Néng Asih, ngarah teu tuluy paséa. Najan bari digugunyeng ku Uhad, antukna Neng Asih mulang. Satutas semah ninggalkeun imah, Sundari ngarasa napsuna kapegung. Manéhna nu keuheul keneh ka Neng Asih jadi panasaran moal boa

Uhad hatena geus ngolembar. Antukna mah Sundari bijil ti imah, tuluy nuturkeun kira-kira sawatara méter tukangeun Uhad jeung Néng Asih nu keur laleumpang sisi erél karéta api. Haté Sundari ngaguruh bawaning timburu nempo kabogohna babarengan jeung awéwé séjén. Ti kajauhan panonna telek nalingakeun Uhad jeung Néng Asih nu keur laleumpang mapay erél karéta api. Teu kungsi lila duanana tuluy turun rék méngkol kana gang. Puguh wé Sundari sieuneun leungiteun tapak. Manéhna gancang naék kana erél bari leumpangna ngagancangan. Abong nya tarik cilaka, suku Sundari titajong kana beusi erél, tuluy titotolonjong, gebut labuh, nyangsaya dina erél karéta api. Najan bari muringis nahan kanyeri, Sundari teu mindahkeun paneuteupna ka Uhad jeung Néng Asih nu tuluy méngkol kana gang, Nempo Uhad méngkol, Sundari gancang cengkat, ngan kakara ogé rék nangtung manéhna geus nambru deui. Sigana suku katuhuna misalah. Pareng keur kitu Sundari teu nyadar nyaho-nyaho aya karéta api ti tebéh kulon. Kadéngé ti kajauhan, sawatara jalam tingcorowok ngabéjaan ka manéhna sangkan ngajauhan erél karéta api. Sundari ngalenyap haténa, pareng éling kana picilakaan. Manéhna gancang nangtung, ngan kakara ogé saléngkah geus ngudupruk deui. Néng Asih beuki geumpeur, ahirna satékah polah ngarayap rék kaluar tina erél. Ngan orokaya, kakara ogé ngaliwatan beusi erél, kareta kaburu datang. Jebrod..!!!! Awak Sundari kasabet ku sisi lokomotip. Awakna mecleng, kapéngparkeun aya kana dua méterna. Sawatara urang dinya nu nyaksian, ngagarebeg, tuluy lalumpatan ka tempat kajadian. (hanca...)


Issuu converts static files into: digital portfolios, online yearbooks, online catalogs, digital photo albums and more. Sign up and create your flipbook.