

Pangbagéa Pupuhu Tangara
Tangara Pamass téh salah sahiji biro nu aya di kepengurusanAis Pangampih Pamass. Tangara Pamass janten wadah kanggo sadaya wadya balad Pamass nu ngagaduhan minat sarengbakathususnadiwidangkepenulisanbasaSunda.Tiasakaryafiksiatanapinonfiksi.
MajalahTangaratéhsalahsahijiprogramkerjaAisPangampihdinatanggungwalerbiro Tangara.Kasangtukangieuprogramkerjatéhmiangtinaminatmacagenerasikiwarinubeuki hengker,nutangtuwaejalmanumalesmacamahkomodilingkunganakademik(mahasiswa) jadiancamandinaningkatnakualitassumberdayamanusia.Kusababmacatéhraketpatalina jeung sumber informasi oge pangaweruh, jalma nu resep maca biasana leuwih unggul lamun dibandingkeunjeungnuhengkeratawamalesmaca.
Di mangsa kiwari maca henteu mung ngalangkungan media cetak hungkul, nanging urang ogé tiasa ngamanpaatkeun media digital kanggo sarana ngembangkeun ide jeung gagasan kanggo diaos atawa diliterasi ku umum. Kukituna, Tangara salaku wadah kanggo wadyabala Pamass nu ngagaduhan minat jeung bakat di widang tulis-tinulis aya inisiatif ngadamel program kerja Majalah Tangara nu di mana karya-karya nu dipublikasikeun kawit ti mahasiswaétanyalira.

SalakupupuhubiroTangarasinarengpenanggungjawabmajalahTangaraieu,simkuring miboga harepan yén kapayunna seueur naskah nu lebet kana surél Tangara. Hayu urang ngarojong majalah tangara ieu ku cara sasarengan diajar nyerat jeung percanten diri kanggo
PupuhuTangara : M. Fajar Pimpinan Rédaksi :Alifia Syahrani Girang Serat : Rinrin Nur F. Wartawan : Lilis Komariah
Desain cover/ilustrator : Indra Budi D.
PROFILRAHMAT SOPIAN (Dosen Sastra Sunda FIB UNPAD)
Publikasi dilima taun terakhir
· BAHASAINDONESIADALAM PENERJEMAHAN WAWACAN Prosiding Nasional (penulis utama) 2016
· EUFIMISMETUTURAN MENGGUNAKAN WAWANGSALAN DANTINGKATTUTUR Prosiding Nasional (penulis pendamping) 2016
· THE READABILITYTESTOFTHE ENGLISH CHILDREN SHORT STORIES Prosiding Internasional (penulis pendamping) 2016
Rahmat Sopian, S.S., M.Hum. Ph.D (Cand.) mangrupa dosén Sastra Sunda Universitas Padjadjaran. Mata kuliah anu diampuna nyaéta kreatif berbahasa, bahasa kawi, bahasa sansakerta, pengantar filologi, seminar filologi, sareng sejarah naskah Sunda. Anjeuna mangrupikeun alumni sastra Sunda Universitas Padjadjaran angkatan 2001 nyandak sastra lulus di taun 2005 anu judul skripsina Wawacan Rawi Mulud: Sebuah Kajian Naskah Disertai SuntinganTeks, neraskeun pendidikana dijenjang magister di Universitas Padjadjaran nyandak Filologi dina taun 2008-2010 tesisna nyaéta Bima Swarga Naskah Beraksara Sunda Kuno dengan Bahasa Jawa kuno: kajian filologis, lajeng anjeuna nyandak program S3 diTokyo University of Foreign Studies dina taun 2018 dugi ka ayeuna nyandak bidang ilmu global studies disertasiThe Networking of Old Sundanese manuscripts in the 15th and the early 16th centuries:Analysis from Old Sundanese manuscripts Kabuyutan Ciburuy's collection.

Di lima taun terakhir anjeuna ngagaduhan pangalaman penelitian di taun 2016 anu judulna Pemetaan lentong Sunda di wilayah perbatasan Jawa Barat dan Jawa Tengah (PUPT) sareng Konservasi tradisonal naskah Sunda Kuno di Kabuyutan Ciburuy Garut (HPKRD), taun 2017 judulna PenyempurnaanTatatulisAksara Sunda Pada Komputer Melalui Reformulasi FontAksara Sunda.
Pangalaman anjeuna dina pengabdian masyarakat nyaéta ditaun 2016 Pengenalan Aksara Sunda di Kec.Argapura Kab. Majalengka, sareng 2017 PengenalanAksara Sunda bagi guru-guru di Kec. Surade Kab. Sukabumi.
· PELIK-PELIK PENERJEMAHAN BAHASAINDONESIAKE DALAM BAHASASUKOLITAKESALAHAN EJAAN PADA
· HASILKETIKANAKSARASUNDA DENGAN MENGGUNAKAN FONT AKSARASUNDAUNICODE IB80 IBBF Prosiding Nasional (penulis utama)2017
· PELESTARIAN BAHASASUNDA DALAM UPACARASEBAProsiding Nasional (penulis utama) 2017
· KATALOGISASI NASKAH SUNDA KUNO DI JAWABARATMENGGALI BUDAYAMELALUI BAHASAProsiding Nasional (penulis pendamping)
· PELESTARIANAKSARASUNDA DENGAN FONTAKSARASUNDA Prosiding Nasional (penulis utama) 2017
· REKONSTRUKSI FONTAKSARA SUNDAUNICODE: SEBUAH ALTERNATIF PERBAIKAN FONT AKSARASUNDAJurnal Nasional (penulis utama) 2017
·
PERBANDINGANTEKSAJI SAKA DALAMTRADISITULIS MASYARAKATSUNDAJurnal Nasional (penulis pendamping)NDA Prosiding Nasional (penulis pendamping) 2017
· LOCALSCRIPTLANGUAGE CHARACTERS IN COMPUTER CASE STUDYON SUNDANESE UNICODE FONTIB80 IBBF Prosiding Internasional (penulis utama) 2017
Nagano Jepang·
KEARIFAN LOKALDALAM PENGOLAHAN MAKANAN POKOK Prosiding Nasional (penulis pendamping) 2017
· ANALISIS EKSTRAKSI BARISTEKS PADALONTAR SUNDAKUNO BERBASIS PROFILPROYEKSI Prosiding Nasional (penulis pendamping) 2017
·

INDEKSASI DIGITALAKSARASUNDA KUNO STUDI KASUS KOLEKSI NAKSAH SKRIPTORIUM KABUYUTAN CIBURUYGARUT Prosiding Internasional (penulis utama) 2017
· RE-CLASIFICATION OF VERB IN SUNDANESE LANGUAGEA COMPARATIVE STUDYWITHTHE JAPANESE LANGUAGE Prosiding Internasional (penulis pendamping) 2017
· COMPARISON OFTYPING TECHNIQUES IN JAPANESSE FONTS HIRAGANAKATAKANAKANJI WITH SUNDANESE FONTS ON COMPUTERProsiding Internasional (penulis utama) 2017
· UPACARASEBADI KABUYUTAN CIBURUYGARUTJAWABARAT SEBAGAI BENTUK PELESTARIAN BAHASASUNDAMELALUI PEMERTAHANAN BENDADAN AKTIVITAS Jurnal Nasional (penulis utama) 2017
· INDEKSASI DIGITALAKSARASUNDA KUNO STUDI KASUS KOLEKSI NAKSAH SKRIPTORIUM KABUYUTAN CIBURUR GARUT Jurnal Nasional (penulis utama) 2018
· AKSARASUNDAKUNO DALAM NASKAH SUNDABERBAHASAJAWA KUNO STUDI KASUS PADANASKAH BIMASWARGAJurnal Nasional (penulis utama) 2018
· REKONTRUKSI DIGITALFRAGMEN NASKAH SUNDAKUNO KISAH PUTRARAMADAN RAHWANA KOLEKSI KABUYUTAN CIBURUY Jurnal Nasional (penulis pendamping) 2018
· AKSARASUNDADI ERADIGITAL METAHUMANIORAJurnal Nasional (penulis utama) 2018)
· KISAH PUTRARAMADAN RAWANA ABAD XV MASEHI REKONSTRUKSI TEKSYANGTERSERAK Jurnal Nasional (penulis pendamping) 2018
· KESALAHAN EJAAN PADAHASIL KETIKANAKSARASUNDADI KOMPUTER DENGAN MENGGUNAKAN FONTAKSARA SUNDABERBASIS SILABIS Jurnal Nasional (penulis utama) 2018
· TINJAUAN STRUKTUR PENULISAN WAWACAN RAWI MULUD Jurnal Nasional (penulis utama) 2018
· SILSILAH NASKAH WAWACAN RAWI MULUD Jurnal Nasional (penulis utama) 2019
· OLD SUNDANESE SCRIPTS IN OLD SUNDANESE MANUSCRIPTS IN KABUYUTAN CIBURUYJurnal Internasional (penulis utama) 2020 Lima taun terakhir ieu ogé aya HKI/Paten anu dipublikasi

· Software font Sunda v Unpad jenis WOFF (HKI) 2018
· Software font Sunda v Unpad jenisTTF (HKI) 2018
· TINJAUAN STRUKTUR PENULISAN WAWACAN RAWI MULUD (HKI) 2019
· KISAH PUTRARAMADAN RAWANA ABAD XV MASEHI REKONSTRUKSI TEKSYANGTERSERAK (HKI) 2019
of Java on 30 June - 1 July 2018, Osaka University. Keterangan foto dari kiri ke kanan S.O. Robson, Willem van der Molen, Sakti, Rahmat International Symposium on IslamizationHAKÉKAT TRADISI NGALIWET DI SABUDEUREUN MASARAKAT PAMASS
Dina kahirupan sapopoé tangtu waé urang téh moal jauh tinu ngarana tradisi. Sababtradisitéhsalahsahijinilaibudayanu aya di bangsa urang, nyaéta Bangsa Indonésia. Ai disebut tradisi téh nyaéta hiji kagiatan anu sipatna geus biasa dilakonan dikahirupanmasarakat,jeungétatradisitéh biasana diturunkeun kanu jadi anak-incu atawaturun-temurun.
Tradisi unggal daérah biasana sok béda-béda,sababainungaranatradisimah bisa disebut ciri khasna hiji daérah. Nu ngarana tradisi mah diusahakeun pisan tong nepi musnah ti daérah éta sorangan. Sabab ai numutkeun pangalaman Wali Songo dina nyebarkeun ajaran Islam, anjeunna henteu pisan ngaleungitkeun tradisi.
Harti tradisi lamun numutkeun KBBI nyaéta salah sahiji kabiasaan anu diwariskeun ti hiji generasi ka generasi sacara turun-temurun. Sedengkeun tradisi numutkeunkamusantropologinyaétasarua jeung adat istiadat atawa bisa disebut kabiasaan-kabiasaan masarakat anu sipatna magis atawa religius. Tradisi ogé bisa disebut warisan ti jaman baheula anu masihlumakudijamankiwari.
SoerjonoSoekanto(1990)manéhna mére kamandang yén tradisi téh nyaéta hiji bentuk kagiatan anu dilaksanakeun ku sakelompokjelemaatawamasarakatjeung lumangsungna nuluy. Beda jeung kamandang anu disebutkeun ku Harapandi Dahri anu méré kamandang yeh tradisi téh nyaéta hiji hal anu jadi kabiasaan jeung-
langgeng atawa nuluy jeung maké ruparupa aturan, norma, kaidah jeung simbol anumasihlumakudimasarakat.
Jadi, bisa disimpulkeun yén tradisi téh mangrupakeun hiji hal anu diwariskeun ku para sesepuh baheula boh bentukna simbol, prinsip, matéri, benda, atawa kawijakan anu sistimna bisa robah atawa tetep.
Ngomongkeun tradisi, di PAMASS hususna, aya salah sahiji kagiatan anu tangtu waé bisa disebut geus jadi tradisi. PAMASS Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda, hiji organisasi mahasiswa anu tumuwuh di Program Studi Sastra Sunda, Fakultas Ilmu Budaya, Universitas Padjadjaran. PAMASS boga hiji kagiatan anu sipatna spontanitas nyaéta anu biasa disebutngaliwet.
Ngaliwet sigana geus lain hal anéh keur urang Sunda. Sabab, ai ngaliwet mah geus réa pisan dilaksanakeun dimanamana. Unggal aya ririungan, ngaliwet mah geusjadihalanulumrah.Saacanngabahas leuwih jero ngeunaan tradisi ngaliwet di PAMASS, urang guar heula harti ngaliwet sorangan.
Ngaliwet téh salah sahiji istilah anu dipake ku urang Sunda lamun ngayakeun botram ku deungeun sangu anu spésial, biasana dilaksanakeunna di poé di mana jelema-jelema pareré gawé. Ngaliwet geus jaditradisiurangSunda,bisadisebutunggal minggu pasti aya wae anu ngaliwet. Anu ngajieun ngaliwet ieu khas nyaéta lamun sangu geus asak, past di témbrakkeun di luhur daun cau, dihijikeun jeung deungeunna. Biasana mah dibagi rata di luhurdauncau.Geusjadihalnulumrahdina nyajikeun sangu liwet téh deungeunna teu jauhtinalaukasin,sambeljeunglalapan.
Ku Annisa Shaina SavieraTradisi ngaliwet ieu bisa ngaraketkeun tali silaturahmi jeung kakulawargaan. Biasana ieu liliwetan téh diayakeunna di sisi sawah, kebon, atawa tempatséjén. Tradisi ngaliwet ieu ogé ternyata geus jadi tradisi di PAMASS. Geus lain kagiatananuanéhdeuidiPAMASS.Sabab ngaranna ogé Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda, tangtu baé kagiatan barudakna moal jauh ti tradisi-tradisi anu lumakuditatarSunda. Numutkeunpangalamansalahsahiji dosén Sastra Sunda, nyaéta Bapak Dr. Gugun Gunardi, M.hum. anjeunna nyarios ngeunaan tradisi ngaliwet anu ternyata di taun 1982 ogé geus biasa dilakonan. Anjeunna nyarios yén basa keur jadi mahasiswa di Sastra Sunda unggal poé pisan ngaliwet téh di kosan. “Euh, ampir unggal dinten ngaliwet di tempat kosan, sareng peda tos digoreng dilebetkeun kana liwet, nganggo kastrol basa can aya rice cooker”, ceuk Pak Gugun. Tah gening éta téh salah salah sahiji bukti yén tradisi ngaliwet téh geus jadi kabiasaan di PAMASStijamanbaheula.SababceukPak Gugungéarinungaranangaliwetmahgeus pasti dahar ngairung, otomatis karasa nikmat pisan. Sanajan deungeunna saayana, asal aya lauk asin, sambel jeung lalab gé geus kacida nikmatna. Jeung nu jadi khas ngaliwet di jaman baheula nyaéta masih kéneh make kastrol. Tangtu baé ari masak ku cara tradisional mah rasa na téh béda, hartina leuwih nikmat tibatan make ricecooker
Keur budan kosan mah meureun ngaliwet téh modalna saeutik, cukup ku udunan sabaraha ogé bisa kalaksana Cocokpisanjadisolusikeurbudakkosanu ngahémat pangaluaran Ku dahar babarenganogétangtubaébisaleuwihsilih wawuh hiji jeung nu lainna. Atuh pasti baé lamunkeurngaliwetmahayawaeobroleun anu matak pikaseurieun, banyolan ngacapraktapinyieundaharleuwihnikmat. Aya deui pangalaman tradisi ngaliwet di Pamass numutkeun mahasiswa Sastra Sunda entragan 2012, manéhna nyebutkeun yén nu pasti mah ngaliwet téh euweuh patokan, kusabab sipatna spontanitas. Nanging, nu remen kajadian mah di PAMASS liliwetan téh diayakeun lamun aya mapag mahasiswa entragan anyar biasana saenggeus SA, lamun sukuran Domba Cup atawa lamun ayeuna mahPialaPamasstéa,lamunPamasskeur aya garapan téater biasana sok aya nu ngokolakeun keur jadi juru goahna, atawa nu terahir mah lamun geus bébérés sékré Pamass.

Nanging sabenerna mah ceuk Kang Rizky tradisi ngaliwet mah pasti sipatna spontanitas. Ngan cigana mah lamun ditilik tina opat kagiatan anu geus disebutkeun tadi, kaasup kana agenda non resmi Pamassanupalingremendijalankeun.“Aya ogé anu rada remen, tapi sanés agenda, nyaéta ngaliwet dina mangsa sahur,di sasih Romadhon”, ceuk Kang Rizky. Jadi, kagiatan ngaliwet anu biasa dilaksanakeun di bulan Romadhon mah bisa saha waé barudak Pamass anu rék ngiluan. Hususna saha baé anu boga duit langsung waé datang ka Pamass dina waktu sahur Tuluy guyub wé babarengan liliwetan anu dikokolakeun ku biro Rumah Tangga Pamass. Intina mah sakabéh momen, pangpangna anu kaasup momen sukuran. Sokdijadikeunajangkeurliliwetan,kusabab liliwetanmahmodalnateugedé,jeungdeui intinangalaguyubbabarengan. Salian ti pangalaman numutkeun Kang Rizky, aya deui pangalaman ngeunaan tradisi ngaliwet di Pamass anu kaalaman ku Kang Alfy ti entragan 2017. CeukKangAlfy “ari ngeunaan ngaliwet mah taraminengsabenerna,étamahayanamun Pamass keur aya acara wungkul. Bari jeung teu kabéh acara dibarengan ku ayana liliwetan. Jadi sacara budaya mah lain hal anu sacral di Pamass”. Lain ti jaman Kang Rizky, di jaman Kang Alfy mah geus teu mindeng teuing barudak Pamass ngayakeunliliwetan.
Di jaman Kang Alfy liliwetan ngan diayakeunlamunayaacarahungkul,lamun aya dina acara Pamass ogé henteu kabéh acara. Tapi, lamun ngomongkeun makna tinaétaliliwetanmahKangAlfybogamakna sorangan.
KeurKangAlfy,maknaliliwetantéhlobahal positifna. “Sanajan tradisi liliwtan mah geus remen di mana-mana, jeung teu jauh ti étaéta deui deungeunna, tapi ku hal éta bisa jadi nu jauh jadi areukeut, anu geus deukeut jadi raraket, tina raket bijil sumanget”, ceuk Kang Alfy Ku kituna papada masarakat Pamass téh jadi miboga rasa silih ajénan. Nu tadina misalna teu beuki lauk asin, jadi beuki.Enyaogéradakapaksa,tapidakeun baé kabéh gé dina kapaksa engkéna jadi biasa.
Jadi intina mah keur KangAlfy mah, liliwetan sorangan téh miboga makna keur ngaraketkeunpapadadulurdiPamass,jadi bahansilihajénan.
Luyu jeung naon anu geus disebutkeun ku Kang Alfy, Kang Érik Jafar SodikogéréréncanganKangAlfyanusamisami entragan 2017 ngahartikeun tradisi liliwetan ampir sarua. Kang Érik ngajéntrékeun, “tradisi ngaliwet di Pamass dilakukeun pikeun ngaraketkeun duduluran barudak Pamass, luyu sareng budaya masarakat Sunda umumna” Hartina luyu jeung budaya Sunda dina umumna nyaéta ngaliwetjadihijikabiasaananudilarapkeun pikeunbarudakPamassririunganhususna. DijamanKangÉriktangtuwaéliliwetantéh diayakeun nalika aya sukuran, bonding hiji kagiatan, atawa lamun sakadar ngahaja ngariunglamunbarudakayakagiatan.
Ngaliwet keur Pamass mah jadi hiji cara pikeun hirup hémat nalika akhir bulan, komo deui keur budak kosan mah. Intina mahngaliwetsoranganbodafilosofinyaéta pikeun simbol kakulawargaan anu dipinuhan ku rasa kadeudeuh keur jadi pelipur lara anu dibungkus ku cara sederhana.
Lamun ninggali di jaman kiwari, jaman di mana urang nincak jadi entragan 2020, ngaliwet téh geus jadi ajang ngaleupaskeun kasono. Kasono kusabab ayeuna dina kaayaan pandemi tangtuna baéjarangpanggihjeungbarudakPamass. Jadi otomatis lamun keur ngumpul di kampuspastiwaéteuleupasjeungliliwetan. Keur di jaman kiwari dimana jamanna serba online, tangtuna baé barudak Pamass hiji jeung nu lainna jarang panggih malah pasti aya waé anu acan wawuh hiji jeung lainna. Ku ayana acara, kagiatan atawa ngariung, dibarengan ku liliwetangeuspastijadiajangsalingwawuh antara lanceuk jeung adi Salian saling wawuh antara lanceuk jeung adi, ngaranna di kampus mah pasti panggih waé jeung dosén Jeung deui geus jadi kabiasaan barudak Pamass lamun liliwetan pasti ngalibatkeunuranganuayadisabudeureun wilayahPamass.
Jadi hakékatna ieu tradisi liliwetan anu geus jadi kabiasaan turun-temurun di sabudeureun masarakat PAMASS miboga makna anu gedé pisan pikeun ngaraketkeun rasa duduluran hiji jeung liana. Lain deui pasualan antar mahasiswa saentragan, tapi ogé ngaraketkeun duduluran antara lanceuk jeung adi, mahasiswa jeung warga sabudeureun anu ayadiPAMASS.
DAFTAR PUSTAKA
Iii, B.A. B., & Pustaka,T. (1985). Tradisi & Morfologi. 5178. http://ejournal.uajy.ac.id/17653/4/MTA022223. pdfRofiq,A. (2019).Tradisi Slametan Jawa dalam Perspektif Pendidikan Islam.Attaqwa Jurnal Ilmu Pendidikan Islam, 15(2 September), 93107. https://doi.org/10.5281/zenodo.3383133 Sumantri, R. (2015).Tradisi Ngaliwet Orang Sunda. Kompasiana.Com. https://www.kompasiana.com/ridwansu mantri_penyandangcacat_tunadaksa/54 fede31a33311240550f825/tradisingaliwet-orang-sunda
MIANG
ku Lilis Komariah
(DI HAREUPEUN JANDÉLA, MANÉHNA NANGTUNG BARI NGAHULENG.)
Bingung éta nu karasa ku kuring. Teuingbingungnaon,kuringogéteungarti. Tapi anu pagaliwota dina pikiran teu bisa eureun. Kuring sieun...kuring bingung kuring hayang ceurik Hayang nyarita...hayangmudalkeuneusihatéjeung pikirananugeuskarasapabeulit. (MANÉHNANGARAHUH.)
Kudu ka saha? Kudu ka mana kuring nyarita? Rarasaan mah euweuh nu ngarti ka diri kuring téh Nyarita ka babaturan? Kuring mah ngarasa teu percaya. Ka nu jadi indung? Sarua jeung bohong, kuring embung nambahan kasusahna Nyarita ka bapa? Ah apan kuringtéhgeusteubogabapa! (GÉK DIUK DINA KORSI NU AYA DI HAREUPEUN JANDÉLA. NINGALI KAAYAAN DI LUAR BARI NGINGET KAJADIAN SABABARAHA BULAN KA TUKANG.)
Bapa kuring anyar kenéh ninggalkeun kuring jeung ambu Ninggalkeun masalah kahirupana Ninggalkeun tanggung jawabna Ninggalkeun sagala-galana. Ngalantarankeunkuringyatim,jeungnyieun ambu jadi randa Kuring ngarasa bapa kuringtéhpondokpikir Teunyaahkakuring jeungkaambu.
Inget kénéh basa harita kuring mulangtisakola,nyampakimahtéhtiiseun. Biasa,ambumahlamunusumkasawahsok buburuh tandur Bapa geus sababaraha bulan aya di imah waé. Di-PHK, pédah tempat gawéna bangkar. Dua taun tempat digawénasepi.
Geus sababarah kalu bapa nyobaan milari gentina.Kaditu-kadieu,tapinuayabaturgé saruadi-PHK.
Ti saprak éta, kuring ningali bapa téh asa béda. Bapa téh remen ngahuleng, jarang ngomong. Kitu deui ambu, lantaran bapageusteugawé,amburemennyarékan bapa Sok sanajan bapa dicarékan ku ambu, bapa tara ngalawan atawa malik nyarék. Bapa teu walakaya, ku sabab bapa ngarasa salah.Kuring ngarti naon sababna ambu remen nyarékan bapa Teu kudu dicaritakeun, da geus jadi rasiah umum di jaman kiwari. Pangabutuh loba, pangala euweuh. Nu matak ngalantarankeun paraséana salaki pamajikan. Pipisahan ku sababmasalahékonomi.
Geus tilu taun kaayaan hirup jiga kieu téh. Teu ngarti basa harita ningali dina berita loba jelema anu maraot lantaran éta panyakit. Unggal poé tukang kubur ngagali kuburan Tukang peti pada pada sibuk Rumah sakit pinuh Jalma jalma sina caricingdiimahna.Ibadahdiimah.Gawédi imah.Sakoladiimah.Saliannyerangjalma, panyakitieuogényerangkanasagalarupa. Boh kana pendidikan, sosial, budaya, kitu deuiékonomi.
Kakara ayeuna kuring bisa sakola téh. Éta gé teu leuwih ti saminggu tilu kali, lantaransilihgantijeungnulain.
(MULANG TI SAKOLA BRAY MUKA PANTO. IMAH KARASATIISEUN. BUS KA KAMAR GANTI BAJU. TIKORO KARASA GARING MANÉHNA INDIT KA DAPUR NYOKOTCAI,TAPI....)
Astaghfirullah...! (MANÉHNA NGARENJAG. ASA MURAG JAJANTUNG.TULUYNGAGOAK.) Bapa ! (CEURIKNA BEUKI TARIK.)
(KASAMPAKAWAKBAPANGAGANTUNG. DINA BEUHEUNGNA MEULIT TALI, PAGEUH. MATANA MOLOTOT. LÉTAHNA KALUAR.)
Tulung...!AllahuAkbar! (MANÉHNA LUMPAT KALUAR MÉNTA TULUNG KA TATANGGA BARI RUWAHRIWIHCEURIK.)
Jalma rabul daratang ka imah kuring.Ayanunulungan,ayanupanasaran hayang ningali, aya ogé nu ngomongkeun bapakuringbaringabirigidig.Sawaréhpada mundur Ayanuembungeunmulasaramayit
Dilodok Soang!
KuRanggaTantanTamaraDina hiji mangsa waktu kuring keur kelas lima SD, wali kelas kuring téh jenenganana Ibu Uun Juwarsih. Waktu harita Bu Uun ngabagi kelompok sangkan ngerjakeun tugasna perkelompok. Kabeneran pisan kuringsakelompoktujuhurangayasiAgung anunénéhananamahsokdisebutsiIyang, aya si Aripin anu nénéhanana mah sok di sebutsiIpin,siDéwi,siFitri,siNiningjeung siYuyun.
Sabaliknatisakola,kuringburuburu pikeun tatahar sabab rék indit kerja kelompok ka imah si Ipin. Teu kungsi lila si Nining jeung si Yuyun cing karurunyung datang sabari nyampeur ka kuring. Barang si Nining jeung si Yuyun keur nungguan kuring di golodog, torojol si Déwi jeung si Fitridaratangpatuturtutur.
Sanggeus kitu kuring di golodog ngalelengkur ngadagoan si Iyang anu can nyampeurwaé.Salilasaparapatjamkuring nungguan, hayoh wé si Iyang can datang kénéh.
“heh urang sampeur wé yu ka imahna,dageningditutungguantitataditéh teu datang waé” ceuk kuring ka babaturan anuawéwé.
“heeh hayu wé urang sampeur bisi kaburubeurangdeuih”poksiDéwimairan “hayuatuh”anusawaréhnembalan Kuring limaan arindit rék nyampeur kaimahsiIyang.SanepinadiimahsiIyang, kuringgegeroannyampeursiIyang.
“Iyangggggg Iyangggggggg Iyanggggg hayu urang kerja kelompok,” ceukkuringbarigegeroan
Ponkitudeuibarudaknuawéwéogé sarua gegeroan nyarampeur si Iyang. Baranggeuslilagegeroancanayawaéanu nembalan ti jero imah. Kuring ngajak ka babaturannuawéwésangkangegeroanana ka panto anu tukang, sabab bisi si Iyang keur di imah anu tukang teu kadéngé Kuring jeung barudak anu awéwé ngulampreng ka gigireun imah si Iyang. Kuring jeung barudak nu awéwé teu nyaho yén di gigireun imah si Iyang téh aya kandang soang, pas harita kadang soang téh lawangna muka, barijeung soang anu bikang téh tas pisan megarkeun anakna, kacipta garalakna éta soang waktu harita. Barangngaléngkahétasoanganujalunajol sirintil téh ngudag, atuh kuring jeung barudak awéwé sakalumpat lampét lulumpatansababdiudagsoang.
“Ambuuuuutulunggggkuringdiudag soanggggg!” pok kuring sabari di udag soang
(SABABARAHAMINGGU TI DINYA.)
Kuring jeung ambu nguatkeun manéh Pada pada nguatkeun haté sangkanbisanuluykeunhirup.Soksanajan bapageusteuaya,lainhartinakuringjeung ambukudumilupaéh.
Nepi ayeuna kuring can nyarita ka ambu lamun kuring katarima kuliah. Kuring bingung kudu kumaha, sabab ayeuna nu jadi andelan téh hungkul ambu. Asa moal nyukupan lamun ngandelkeun pangala ambu di sawah Jaba di sawah mah uusuman.
Komo hirup di kota mah sagala mahal. Acan kost-an. Acan biaya kuliahna. Ahteureseparikieutéh!Meureunmunaya bapa kénéh mah kuring masih bisa kuliah. Masih bisa jiga nu lain. Meni teu adil pisan hiruptéh!Éréknéangangawékuduayaduit. Hih, pan kuring néangan gawé téh butuh duit!Ariieukudungaluarkeunduit,atuhduit ti mana? Jaman sakieu héséna, geura ingkah waé atuh manéh téh panyakit!
(GEUSTEUPUGUHPIKIR.) (WANCI JANARI, MANÉHNA NGADU'A SANGKAN DITÉMBONGKEUN JALAN KALUARTINASAGALAPASUALANANA.)Ya Allah Gusti Nu Maha Suci, alhamdulillah haturnuhunYaRab,parantos nampi abdi di Universitas nu abdi hoyong. MungGustisanésteubogarasasukur Abdi bingung badé kumaha ka payunna? Margi ayeuna bapa tos teu aya. Abi teu wantun nyarios ka ambu. Abdi sieun ngahésékeun ambu Abdi ukur tiasa sabar Tapi abdi percantén, yén Gusti nangtayungan naon nubakalabdilakonankapayunna.
Ya Allah abdi nyuhunkeun pituduh kanggo diri abdi. Mun enya ieu jalan téh mémang kanggo abdi, nyuhunkeun dilancarkeun Pami sanés, nyuhunkeun digentoskunulangkungsaé.Aamiin ***
(KAJADIAN BASA NGADU'A WANCI JANARI KANYAHOAN KU AMBU. HARITA KÉNÉH AMBU NANGKEUP KA KURING,TULUYSILIHNYARITA.)
Kuring inget yén ambu nanya naon sababna kuring teu bébéja. Kuring ngarasa teutéga,antuknakuringpaheutmoalkuliah, mending digawé waé. Tapi ambu kacida ambekna ku sabab kuring milih jalan sosoranganan.Ambuteurumasakaabotan, soksanaosbapageusteuaya,nangingéta lain hahalang keur kuring ngahontal citacita.
Ambu nyarios yén kuring ulah hariwang ku masalah biaya, jeung sajabana Anjeunna bakal merjuangkeun sangkan cita cita kuring kahontal Teu masalahlamunsakiranaambubakalleuwih pak-pik-pekdigawé.
Ambumihapésangkankuringyakin lamun Allah bakal nangtayungan Saur ambu, tugas kuring mah diajar Jadi budak soléh sangkan bisa nulungan indung bapanadiahérat.
Éra. Éra pisan ku omongan ambu anusakitusumangetnadinangahontalcitacita budakna. Tapi naha kuring sok épés méérnalikameunanghijikasusah?Tidinya kuring sadar, kuring kudu sumanget, sabab kuringtéhharepanambu.
Ahirna, kuring mutuskeun rék kuliah.
-TAMAT-
bapa, lantaran cénah “Sabodo teuing da paéhna gé kapaksa!”. Tapi aya ogé jalma anusoléhdaékmulasarabapa. (LA ILAHA ILLALLAH AL MALIKUL HAQQUL MUBIN MUHAMMADUR RASULULLAH ASH SHADIQUL WA'DIL AMIN. BACAAN SURAT YASIN JEUNG BACAAN SALAWAT PACAMPUR
JEUNG SORA-SORAANUCAREURIK.)Teuwasakuringningalina.Ambunu keur buburuh tandur ruwah-riwih mulang. Awakna pinuh ku leutak, nyampak salakina keur diriung jalma réa lantaran ngagantung manéhdidapurna.
Nyawa bapa geus ilang, geus teu katulungan.Majarcénahgeusradalilabapa ngagantung di dapur. Karak kapanggih ku kuring nalika mulang sakola jam tilu pasosoré.
Sora tinggaroak nyeungceurikan mayit bapa. Ambu ceurik teu répéh. Katambah pun nini anu kakara datang, ngeleketeykapiuhan,sababningalianakna nu dipikadeudeuh nyampak geus euweuh nyawaan.
Asa ditéwak heulang bapa mulang téh, sabab teu aya titirah bapa rék ngantunkeun.Tapi asa aya nu anéh ti bapa tadi isuk. Teu apal ku naon, bari diuk dina korsi,bapamelongkakuringsalila-lila.Basa rék mangkat sakola, bapa nyarita, “Néng, teraskeunsakolatéh!”.
Kuring mémang boga rencana nuluykeunkuliah.Tapisaprakbapadi-PHK, kuring maheutkeun moal nuluy. Teu téga ningali kaayaan kolot nu keur kasusahan. Padahal poé ieu pisan kuring meunang béja, katarima di universitas negeri paporit sa-Indonésia. Niat rék bébeja bedo, nalika nyampakkanyataannusakieupaitna.
Kuring ngarasa ancur, haté kuring nyerikabina-bina.Nahajadikieuhirupabdi, Gusti? Naon salah abdi? Bapa nu jadi andelan, nu jadi harepan, bapa nu jadi pamuntangan ayeuna ilang. Cénah cinta pertama jang budak awéwéna, tapi naha bapanungancurkeun?
Tisaprakbapateuaya,pasuliwernu ngaromongkeun.Pajarcénahsieundiimah kuring mah aya jurig si bapa Keueung lembur téh Wanci magrib jalma pada ngerem di imahna séwang séwangan Kalaluar téh mun geus moncorong panonpoé. Kudu ditalkin imah kuring téh
cénah, supaya arwah bapa teu marakayangan.
Meni asa kabina-bina teuing tatangga ngomong kitu. Teu bisa pisan ngajaga haté kuring jeung ambu Sok sanajan bapa maot ku cara salah, tapi asa teupantesdikitukeunmah.
(HIJIMANGSAMANÉHNARÉKMANGKAT SAKOLA.)
Teuapalnaonmasalahnaétajalma ka kuring. Tapi anu matak pinyerieun mah basakuringngaliwatdihareupeunimahna. Sigabiasa,kuringngomongpunten, tapi kalah dijawab ulah daék cénah ka kuring mah, sabab bapana gé bunuh diri. Sieun, moal piwaraseun. Kuring ngarasa nyeri haté. Tapi kuring teu bisa ngomong nanaonsababétakanyataanana.
(PLUK SORA BARANG RAGRAG KA HANDAPEUN SUKU, NALIKA MÉRÉSAN KAMAR NU SOK DICICINGAN KU BAPA SAACANMAOT.)
(BARANGDICOKOTEUSINASURAT.)
Assalamualaikum
Enéng putri bapa, hapunten bapa nalika enéng maos ieu surat, bapa téh atos teu aya. Pangna bapa kieu téh bapa tos isin, bapa bingung, bapa ngarasa tos teu aya harepan deui Bapa rido lamun enéng sareng ambu bakal keuheul ka bapa. Bapa ogé sadar kalakuan kieu téh salah. Tapi s a h e n t e u n a i e u j a l a n b a k a l ngahampangkeun beban si ambu. Néng, bapa miharep sangkan cita-cita enéng téh kahontal Néng, bapa miang heula Du'akeun ku enéng prosés bapa di alam salajengnalancar.
(NYURUCUD CIMATA NALIKA MACA SURATWASIATTIBAPA.)
Bapa ....! (SEMU NGAGOROWOK, BARINANGKEUPÉTASURAT.)
Kuringteungartijalanpikirna!Bapa ngarasa isin? Isin ku naon, Pa? Isin ku kaayaan Bapa teu aya pakasaban deui? Bingung ku naon, Pa? Bingung hirup di jaman ayeuna? Bingung naon, Pa? (SEMU AMBEK.)
Bapangarasaeuweuhharepan?Ari abdi naon, Pa? Mun bapa teu aya, leuwih hésé, Pa! Kudu kumaha abdi nyanghareupan ieu kahirupan? (CEURIK BALILIHAN BARI NANGKEUP TEMPAT SARÉBAPANA.) ***
Gewewek téh soang ngalodok kana bitis nepika getih wuwungan Kuring ngahinghing sabari gogorowokan ménta tulung. Barudak awéwé mah sabab lumpatna hareupeun kuring atuh barisa nyumput.Ayaanuasupkakandangdomba, aya anu naék kana tangkal buah, aya ogé anu naék kana golodog Kuring mah kusabab lumpatna boyot anu antukna teu bisa nyumput, nepika bitis, pingping jeung bujurtéhgetihwuwungansababdilodokku soang.
Barang keur lulumpatan sabari di udagsoang,kurunyungbapasiIyangbijilti imahnutukang.Tuluyngagiringkeunsoang sangkanasupkanakandangna.Teukungsi lila tidinya, barang kuring keur di arupahan ku barudak awéwé di golodog, kurunyung téhsiIyangbijiltiimahbarialangahéléngéh nyeungseurikeun kuring pédah di lodok soang Si Iyang mah ceunah kasaréan mataktadidigeroantéhteunembalanwaé. Teulilatidinyakuringjeungbarudakarindita imah si Ipin rék kerja kelompok sabari ingkudingkudandapuguhnyeritasdilodok soang.
“JUMERIT”
Ku Rangga Tantan Tamara
Teu disangka teu dinyana bakal kieu jadina
Nu dina sangkaan bakal bungah Nu dina sangkaan bakal bagja
Tapi singhoréng téh ngan ukur sangkaan Haté ngajerit maratan langit Ngocéak maratan jagat Waktos nampi serat ti anjeuna
Nu jauh pisan tina sangkaan Jumeritna ati… Ngocéakna dada…
Hanjeluna qolbu…
Waktu anjeuna ngajak pepegatan Asa dibéntar guludug tengah poé éreng-éréngan Nandangan kasedih ngarakacakna haté Ngalumuruk lir kapuk kaibunan kawas kapas kahujanan Teu disangka teu dinyana bakal kieu jadina
Haté teu méréan mun seug kudu pepegatan
Peureum kadeuleu beunta karasa Kumalayang dina lamunan Kabayang bayang dina implengan Paingan atuh paingan Rahwana anu kacarita gagah sakti mandraguna Nepika ngorbankeun jiwa raga nagara bangsa katut kulawarga Alatan pédah duriat teu kalaksana ka Déwi Shinta
Pon kitu deui kula ngan ukur manusa biasa
Ngan bisa tumarima kana naon anu tumiba ka diri kula Tumamprak sumerah pasrah ka Gusti Anu ngusik malikkeun siang jeung wengi Sumangga… nyanggakeun...
“MILU BAJOANG”
Ku Rangga Tantan TamaraNu milu bajoang jasadna dipiceun ka laut Banda Masarakat nu dumuk dipaksa kudu pindah Didongdong ku saparankanca ti basisir Di tengah jalan ngarandeg nunjuk cau nu ranggah kaluhur
Dijajah bangsa deungeun dikawasa ku urang jawa Diwatesanan rék cengkat nanyakeun batur Urang Walanda gé kamari saruangan Nyaksian sagemblengna ditékel ku pribumi Tradisi ti jaman mana dipajang dina paméran Dijarieun kasadaran manusa ti alam pikeun dipuja Dumasar dipaké ibadah nepi ka jadi warisan Bisa ngawujud sarupaning perhiasan
KAHAYANG (Kinanti)
Ku alifia Syahrani
Lamun bari huleng jentul, Mikirannurékdisorang, Lalampahanjeungléléngkah, Gumulungnajerodiri, Gedépisankahayangmah, Pikeunngalapangharepan.
Béngrasningalpaullaut, Ngemplangnasigakahayang, Ngarimbunanieubadan, Sabanneuteupluhurlangit, Nahaenyarékkahontal, Luyureujeungtakdirdiri.
Mugangajadingamakbul, Ngawujudnajadinyampak, Cita-citaanunatrat, Dinasalebetingdiri, Mugasingjadibagéa, Bingahatibalukarna.
SILOKA (Sinom)
Neuteupkaluhuringméga, Sajeroningdinalangit, Éndahalampawenangan, Nyungsiajénjeungpangarti, Munseugteuleubandeui, Kuélmulanpangaweruh, Komomasingdaria, Reujeungkarepdinapikir, Mungguhalamtandaningbacaeunurang.
Silokapancacuriga, Didinyanaayasindir, Pikeundiguarkuurang, Lobaajénnyiliwuri, Hamodititénandeui, Nyangkinghartinungagunduk, Lirgunungtémbonganyaclang, Siganusamarjeungpasir, Mungguhalam,rumateunurangsakumna.
SANG SRANGÉNGÉ (Dangdanggula)
Mapag méga nyingray luhur bumi, Sumorotnasangsrangéngémubyar, Tiwétannutémbongbaé, Sakurpangjurunglaku, Enggoningnahirupjeunghurip, Masieupdinabadan, Hamodiriinsun, Naayeunasrangéngétéhgeusanmulang, Dumuknadibaléinji, Dinajeroningraga.
Mapagméganyingrayluhurbumi, Mapaésansatungkebingalam, Sumurupkabelahkulon, Kadaralamngawengku, Jagatgedéjeungjagatalit, Buanapancatengah. Lemahicikibung, Panwateknaniratéhpaningtrimsukma, Pangrumatnunyiliwuri, Dinabadanmanusa.
Majar Manéhna Ceuceub
Ku Kiki NurussalamAsanamahkabeulahdieujalankaBurujul téh Pertigaan jalanna, tatangkalan di sabudureunna, jeung solokanna gé asa nyeplés pisan. Tapi da teuing kunaon bet asa kalangsu. Éta tuda jeung manggihan pasawahansagala.Barilegadeuih.Ongkoh jalan nu ayeuna mah asa bararau tai sapi. Pleng kuring ngahuleng Sainget kuring mah da euweuh sawah, duka kétang da baréto mah keur dur duran magrib Pararoék.
“Gimana Ndri? Kamu tuh tau jalannya gak sih?” Imas kadéngé geus kesel. Tina kaca spion manéhna kaciri jamotrot baeud. Panon na nu cureuleuk geus canéom bakating ku capé meureun. Kuringngilikandeuikasabudeureun.
“Heem. Ke sini, aku yakin Linda,” cekéng.Arinyaritalangsungkajinisnamah, sok ngabasakeun Linda. Da manéhna mah sok ambek mun disebut Imas téh. Padahal da teu salah. Kan ngaran lengkepna gé Imas Linda Nurapipah Éta ngaran téh paméré ti akina nu ayeuna keur ditéang alamatna, Burujul téa. Tapi da manéhna mahsiganuceuceubkanangaranImastéh. Naon cenah ari Imas, meni kampungan pisan! jadi nu dipaké na mah ngaran tengahna. Lumayan lah ngaran Linda mah rada alus. Nya kitu ogé, ngobrol jeung manéhna mah kuring gé ngilu maké basa Indonésia. Mun kaceplosan ngomong basa Sunda téh manéhna mah sok langsung ngajebian.Majartéhnyindirancenah,kénakéna bisa basa Sunda. Ah teu sing teuing inget ka nu kararitu. Bubuhan kuring mah urang lembur pituin. Jadi urang kota téh ti saprakabahdipindahkeuntempatdamelna wé paskuringkarékasupkelasopatSD!
“Bener? Yakin?” pokna deui bari nompokkeun beungeutna. Dikitukeun mah asa rada ngahéab beungeut téh. Pédah kuring ngabetem, manéhna tuluy nuding yénkuringteuyakin.
“Yakin suwér,” témbal kuring bari unggeuk siga nu heueuh. Ari motor geus dijalankeun deui nurutkeun pangira-ngira, betasatambahkalangsu.Tungtungnamah reg eureun deui. Imas norowéco nyalahkeun.Jutmanéhnaturuntinamotor.
“Kalau kamu gak tau atau pun lupa, bilangajaNdri.Jangankayakginidong!Tau gini ngapain maksa maksa pengen nganterin,” pokna ambek. Imas diuk dina batu gedé sisieun jalan, tuluy ngalangeu. Nya bener, kuring salah Kuring nu mamaksa hayang nganteur manéhna ka lembur akina ka Burujul téa. Cenah mah, akinaImastéhnujuudur Sadayaputrakatut incuna diperedih pisan supaya bisa ngarumpulriung.Aringadéngébéjakitutéa sangkaan téh sok geus ka mana-meni. Kuring ogé nu lain sasahana maké jeung reuwas sagala Ari bunda na Imas dikersakeun téh nuju udur ogé.Tipes, mani rarayna gé nepi ka siga taya getihan Sedengkeun ayahna mah keur mancén gawé ka luar kota, teu acan bisa mulang cenah Daék teu daék Imas kudu indit sorangan ti Bandung, da euweuh sasaha deui lian ti manéhna. Masing loba dulur gé, dapabalencarcenah.Jauhmela-melu.
Tadi na mah Imas téh rék indit maké jasa ojég online, da kana angkutan umum mah teu nyahoeun kudu kumaha-kumaha na. Tapi da salaku sobat jeung tatangga deukeutna, kuring teu téga mun Imas naék ojol.PuguhdaBurujultéhdiUjungBerung, da ieu mah atuh di Garut. Palalaur mun jeung nu teu wawuh siga tukang ojol mah. Jaba kuring geus ngarumasakeun apal jalan. Kacida atoheun na bunda pas kuring nawaranréknganteurmanéhnatéh.
“Ya maaf Lin, aku pikir gak akan serumit ini,” ceuk kuring sanggeus ngalaan hélm. Sirah geus karasa cangkeul pisan. Motor diparkirkeun heula Jut kuring nuturkeunmanéhnadiuk.Dikersakeunatéh hpjug-jugeuweuhsinyal.Bohhpkuringboh hpmanéhna.Jadinyakieu,teubisanempo kana maps atawa nga-whatsapp ka bunda atawa ka nu di Burujul Abong di leuweung tuda!Panonpoénutadinakeurmeujeuhna meletékpanas,ayeunamahradaiuh.Angin ngagelebug, ngahiliwir niisan pikiran. Buuk Imas nu ngarumbay siga keur gugupay. Sajongjongan panon neuteup kana beungeutna, ngira-ngira naon nu keur aya dinapikiranana.
“Ari kamu kenapa bisa sampai gak tahu alamat Burujul?” ceuk kuring panasaran.Manéhnamalesneuteup.
“Bukannya gak tau Ndri, tapi gak hafal-hafal. Aku kan bukan supir kayak kamu, yang sekali ngelewatin jalan langsung inget. Eh, tapi nggak buat kali ini ya, daya ingat kamu kayaknya lagi eror! Katanya tahu jalan, eh malah gini!” Key kuring seuri. “Dah gitu, jujur aku jarang banget silaturahmi ke sana. Seringnya aku silaturahmikekeluargadariayahdiBogor.”
“Kenapa jarang?” Manéhna ngan gogodeg.Siganubeuratréknyaritatéh.
“Ya gitu lah Ndri, kamu juga tau. Sekarang aja aku berangkat karena terpaksa,” pokna tuluy ngabalieus. Pleng implengan mundur jauh. Kuring inget baheula manéhna kungsi nyumput di imah kuring, teu pira pédah embung milu ka Burujul. Horéam cenah, mun indit gé ngan sok digeunggeureuhkeun hungkul, dibanding-bandingkeun jeung dulur nu lian pédahnyaritanasokmakébasaIndonésia. Puguh atuh da kararagok ngomong Sunda téh. Jaba sieun salah. Da Sunda mah loba pisan aturan na, teu siga basa Indonésia. Mun nyebut makan téh nya makan wé.Teu kudu dibéda-béda. Mun batur nu nyarita mah manéhna ngarti jeung hempék baé. Tapimunmanéhnanukudunyaritakubasa Sundamahkéheulaanan,cenah. Rékteukararagokkumahatuda,boh bunda boh ayah, duanana gé tara biasa maké basa Sunda mun ngobrol jeung manéhnatéh.Geuskitukuringmasihinget, basa kelas lima SD Imas kungsi nepi ka strés gara gara ngerjakeun tugas basa Sunda. Ni ti ceurik-ceurik ménta tulung ka kuring, pédah tugasna kudu dikumpulkeun isukan. Bari guruna kacida galakna cenah mun teu ngerjakeun téh. Ari bunda jeung ayahna ni sok hararésé mun geus disanghareupkeunkanamasalahtugastéh. Manéhna nanya, naon cenah ari 'paguneman'? Basa naon éta? Gening babaturansakolananusoknyaritakubasa Sunda gé tara aya nyebut-nyebut nu kitu? Ari'neda'naon?Ari'wasta'naon?Jeungréa deui patanyaan na nu sabenerna mah sepélé Terus, manéhna kungsi bener bener sumanget ngerjakeun tugasna bangun ku percaya diri pisan. Teu butuh bantuan cenah ayeuna mah. Ari pék téh manéhna ngan meunang penteun lima! Ti-
dinya belewer buku pelajaran basa Sunda dibalangkeun, manéhna tuluy ngajorowok, “AkubencibasaSunda....!”Mangsaharita, kuringngansaukurcicing.Rékkumahadeui tuda?Nyatisaprakéta,manéhnabeukiteu resep kana pelajaran nu aya patalina jeung budayadaérah.
Sajeroning anteb dina pikiran sorangan, koréjat Imas cengkat. Manéhna tuluysageddihélmdeui.
“Yukah,lanjutlagiNdri!Keburusoré. Kita balik dulu aja ke jalan pertigaan tadi. Siapa tau ada orang orang yang bisa ditanya,” ceuk manéhna ujug-ujug sumangetdeui.
“Eh ... ayo, Ndri!” pokna pas nénjo kuring ngabetem kénéh. Kuring buru-buru nuturkeun.
“Oke, siap bos!” cekéng bari tuluy ngahurungkeun motor deui Sanggeus dijalankeun nepi ka pertigaan nu tadi, manéhna tuluy nanya ka bapa-bapa nu kabenerankeurngaliwatdiétajalan.
“Badé ka Burujul?” cenah téh malik nanya. Linda unggeuk. “Oh Burujul mah éta tah.Ti pertigaan ieu téh méngkol wé ka kénca. Pami tos ti dinya mah teras wé tuturkeunjalan.KinbakalayajalanBurujul,” poknabariteuweléhnunjukeunarahjalan.
Imas nyikut leungeun kuring. “Kamu ngerti?”poknatéh.Kuringunggeuk.
“OhmuhunPa,haturnuhun,”cekéng barituluyngajalankeunmotordeui.
Imas bungah pisan kaciri na téh Nyakitu ogé kuring. Berarti ngan salah saeutik. Tadi mah kalahka lurus, puguhan kudunamahméngkolkakénca.Hatétéhni asabagjapisan.Tapikéké...nahaarigeus disorang, bet asa beuki teu wawuh. Jaba aspalnajadibutut.Sisi-sisijalannapinuhku tangkal awi Hieum jeung geueuman
Leungeun Linda jadi tipepereket nangkeup kanacangkéng.
“Kok jalannya tambah aneh ya Ndri. Perasaan dulu gak kayak gini. Aku masih inget, dulu tuh jalannya gak serumit ini. Setelahdarijalanrayaitucumangikutjalan pedesaanyanglurusaja.”
Kuring ngimpleng jalan nu kungsi disorang. Bener, kuring gé mikir kitu. Ti tatadigégeusngarasajalannuayeunamah asakadieusalahkaditusalah.Tapitadiceuk bapa itu mah bener cenah kadieu. Manya teuingngawadulmah.
“Kita tanya-tanya lagi aja ya,” ceuk kuring supaya manéhna tenang. Naha ari geus tatanya deui téh kalaka jadi mutermuter. Ceuk ieu kadieu, ceuk itu kaditu. Nanyakabarudaknukeurmaénbal,malah karerung Siga kakarék ngadéngé aya lemburnungarannaBurujul.
“KéheulaieutéhJang.Nahatitatadi siga nu uah-uih waé. Salaresna Ujang téh badé ka mana?” ceuk nini-nini tukang tahu nukeurdiukdinabangku.Siganaanjeunna miluan lieur nénjo kuring jeung Imas bulakbalikkeukeuleuyeungankénéhbaé.
“BadékaBurujul,Ibu.Muhunieutéh nuju bingung. Margi aya nu nyarios kedah uihdeuikaditu.Tapinusanésnanyaurkeun teras wé kadieu. Mung teu kapendak waé. Malah dugi ka mendak jalan buntu,” ceuk kuring geus pasrah Malah Imas mah nyarankeun balik deui wé ka Bandung. Geuscapé!
“Kéheula, ieu téh Burujul na nu mana?”poknatéhmatakngarenjag.Rétka Imas.Manéhnanyampakkerung.
“Naha Ibu, dupi Burujul téh aya sabarahakitu?”
“Ayadua,Jang.”Beledagtéh.Kuring geusasaréktepar.
“A-ada dua?” ceuk Imas siga nu teu percaya.
“Muhun. Nu hiji mah Burujul Cimuncang,nahleresétamahkadituteras jalan na téh. Upami hiji deui mah Burujul Kandang Sapi, jalan na sanés kadieu. Béntenjalur.”
Teg téh. Imas nepak kana punduk. “YangKandangSapi,Ndriii!”
Aduh Imas ..., imas! Naha atuh ka lembur aki sorangan téh bet jolédar-jolédar teuing! cekéng dina haté. Ari kuring boroboro nyaho aya cimuncang jeung kandang sapisagala,apalBurujultéhnyaBurujulwé hungkul. Haté mah geus kacida keselna, tapi nénjo pameunteuna nu siga beunang nyurungan, kuring ngan saukur bisa ngarénghappanjang.
“Haduh Ibu, leres waé salah jalan panginten.Kedahnaanukandangsapi.”
“Ari Ujang, nya enya atuh ari kitu mah.Dugikairahagémoalkapendak,”ceuk nini nini eta bari seuri. “Ujang téh lepat nyandak jalur ti jalan raya na. Upami ka KandangSapimahlebetnasanéskagapura ieu.Tapidijalanrayatéhkedahlurusheula dugikamendakpangkalanojég,caketalpa. Tah di caket éta aya gapura. Ti dinya mah nembéwélebet.”
Alpa?Aduhkuringingetayeunamah. Apanbarétogékuringtéhnganteurnepika Alpa. Leungeun geus ateul asa hayang nakolansirahsorangan.
“MuhunIbu,haturnuhunpisan.Abini atos bingung kieu. Sakali deui hatur nuhun Ibu.”
“Iya Ibu, terima kasih banyak,” ceuk Imas milu nganuhunkeun. Motor balik deui ka jalan raya. Bener waé, ari geus asup ka jalurnubenermah.Jalantéhsaruajeungnu ayadinaimplengan.Teubarautaisapi,teu-
ayasawah,komodeuitangkalawinuhieum kacida mah. Tapi aya hiji nu matak rada anéh.Regmotordieureunkeundeui.Kuring kasieunansalahjalandeui.
“Kenapa berhenti? Lagi nyari kandang sapi ya ....?” pokna ti tukang. Kuring unggeuk. Da heueuh atuh. Teun kandang sapi, tapi euweuh kandang hiji-hiji acan. Puguh-puguh jalan nu tadi mah aya bau tai na. Da ieu mah beresih pisan tinu ngaran na sapi jeung bau sapi téh. Urut kandang nu geus runtuh gé asa teu nempoan.
“Kandang Sapi tuh cuma nama kampung,Ndrii!”poknatuluynyikikikseuri.
“Oh gitu? Hahaha, bilang dong!” Berengbeng motor dipajukeun deui. Ari geus asup gapura mah Imas ingeteun nu mana imah akina. Mun henteu téh, kudu keukeuleuyeungandeuimeureun,nilik-nilik rupa jeung warna imah. Barang srog ka buruan imah, belenyeng Imas lumpat muru panto. Éta bakating ku atoh, helm nepi ka pohodilaan.Pantoayanumuka.SrogImas dikeukeupankubibina.Meureunbibisotéh, pédahraraynanyepléssigabundana.
“Alhamdulillah ... dugi ogé gening. Heug kamarana waé atuh? Naha nembé dugi wayah kieu?” nanyana bangun ku melang, awak Imas tuluy diilikan ti luhur ka handap.Sieunkumaonammeureun.Kuring tungkul, sieun katempuhan. Tapi gening, anjeun na malah nganuhunkeun pisan. Plong haté asa tenang. Ayeuna mah rada waninyengkatkeunsirah.
“Hélm na geura buka atuh Néng,” ceuk kuring bari seuri. Belenyéh manéhna seuri,hélmtuluydilaan.
“Eh Kakek gimana, Bi? Sakit apa?” ceuk manéhna rada dugdeg. Bibina tuluy ngajak Imas asup ka kamar akina.
Sedengkeun kuring mah ngadagoan di ruang tamu. Dibarengan ku dulur-dulurna. Mimiti mah biasa wé ditanya ngaran jeung asal ti mana. Kaditu na mah ngaguluyur. Resep, bari ngobrol téh bari balakécrakan barang dahar Da dina méja téh geus disampakkeun kadaharan nu amis-amis, saperti dodol garut, bugis, awug, kuéh kering,jeungréadeuinulianna.Sabangsa kulub hui, suuk, jeung jagong manis milu ngaramékeun.Bangsainumannamahulah ditanya! Eum ... mun di imah mah manggih nu kararieu téh ngan pas lebaran hungkul! Bariteusakumplitkieu.Éhkétangulahkitu. Teu syukuran pisan! ceuk haté ngélingan sorangan. Sabot ngobrol téh, kuring teu weléh ngilikan kaayaan imah akina Imas. Tinapernak-pernikimahna,kaciripisanyén aki na Imas mah nyunda pisan. Dina rak katémbong mangrupa-rupa buku bahasa jeung sastra Sunda Di sisieun na ngagantung sanjata kujang Mani antik pisan. Di pojok rohangan, alat-alat musik tradisional katata Pikaresepeun pisan Nénjo kaayaan kieu mah kuring teu ngarti, naha Imas bet siga nu ceuceub ka dulurdulur ti akina? Padahal ceuk kuring mah maniasasigasawargakieu.
Ti kamar nu sarua basa Imas jeung bibina asup, jol budak awéwé jangkung leutik.Kulitnabodas,rambutnaradapirang. Panon na cureuleuk, irungna rancunit, siga Imas. Ngan ieu mah bulé. Manéhna leumpang ngadeukeutan kuring. Gelenyu imut.
“Siapa namanya?” cekéng sawaktu manéhnanyalamankakuring.
“Abi Euis,” pokna. Teg téh, gening bisa basa Sunda. Jaba ngaran na Euis, ni jauh pisan ka rupa bulé. Boro tadi na mah rék maké basa Inggris masing palalaur
ticalétot létah gé, da bisi teu ngartieun téa munkubasaIndonésiakomoSundamah. “Putra nu kahiji ieu téh Ndri. Calik di dieu, Is!” ceuk bibina Imas nu tadi nganuhunkeun Kuring unggeuk unggeukan bari kasima. Euis tuluy diuk. Celengkeung Euis ngomong ka indungna, nyaritakeunbuahjambunangngalatikebon akina. Meni raos pisan cenah. Dikersakeun ni béntés kitu ngomong basa Sunda na. Jaba masing leutik kénéh gé geus diajar undak usuk basa. Éta lentong na ni matak pikaéraeun kuring, salaku jalma nu leuwih lila jeung loba pangalaman hirupna. Kuring asa ditabok ku basa jeung paripolahna nu éstukapuji.
“Ndri,”ceuksoratitukangbarinepak punduk.AriditempotéhgeningImas.Panon na rada carindakdak Leungeun na nyenyepeng buku jeung album poto nu kacirigeusheubeul.
“Kenapa Lin?” ceuk kuring rada reuwas.
“Ka luar heula, yu ....” pokna tuluy leumpang ti heula ka luar. Kuring rada ngahuleng sakeudeung méméh nuturkeun. Teu cara sasarina Imas ngomong basa Sunda. Manéhna ngarandeg. Gék dina bangku handapeun tangkal rambutan. Rék milu diuk, tapi kararagok. Tuntungna mah anggernangtung.Jepsimpé.
“Anak kecil yang namanya Euis, itu sepupukamu?”ceukkuringbasa-basi.Imas neuteupjero,tuluyunggeuk.
“Bulé ya, tapi tetep mirip kamu, cantik. Aku salut sama Euis. Aku pikir dia gak bisa basa Sunda. Eh ternyata jago bangetya.Hebatpisaneuy!”cekéngtéhteu dibuat buat Jep simpé Leuwih tiis ti saméméhna. Imas teu ngawalon nanaon. Luk manéhna tungkul. Segruk téh ceurik.
Kuring langsung kalabakan. Sungut geus calangap,réknanyakeunkunaonbetceurik.
TapiImasgeusmiheulaandangah,neuteup kuring.Panonnangembengsésacipanon. “Ndri?” pokna Kuring nungguan Tapi Imas teu kedal deui. Kuring nanya kunaon.
“Imas éra, Ndri,” pokna bari sor mikeun buku jeung album nu ti tatadi dicepengan. Duh aya naon deui ieu? Nahakakaraeunngabasakeunmanéhnaku ngaranImas?
“Éra? Éra kunaon?” ceuk kuring bingung. Jep simpé. Album poto dibukaan hiji-hiji. Nyakitu deui jeung buku catetan. Gening eusina téh mangrupa gambaran, kumaha perjuangan akina jeung réngrénganadinamertahankeunéksisténsi basa Sunda di dunia pendidikan. Ti mimiti taun 60-an nepi ka sababaraha bulan ka tukang, anjeun na masih aktif dina ngamumulé budaya Sunda. Aktip dina porum-porumdiskusijeungréadeuinulian na. Sabot kitu Imas tuluy nyaritakeun basa manéhna asup ka kamar akina. Ari pok manéhna ngomong ka akina, nanyakeun naonnukarasa,akinamalahngabalieusteu ngawaro. Manéhna ngan dititah mukaan album poto jeung buku catetan harian nu geus nyampak dina méja. Geus kitu mah ceulengkeung akina nyarita jeung Euis, manilancarpisan,tayabebansaeutik-eutik acan.Teucarajeungmanéhna.
“Ndri?”cenah.Kuringngadéhémbari neundeun buku catetan jeung album poto kana bangku. “Imas ho-hoyong diajar basa Sunda. Manéh mau ngajarin Imas kan?” poknaniéra-éra.Kuringnyéréngéhseuri.
“Ih naha seuri?” ceuk manéhna bari nyusutancipanon.
“Tos teu ceuceub kana basa Sunda
ayeunamah?”
“Naonceuceubtéh?”
“Benci.”
“Henteu atuh. Cinta ayeuna mah. Kumaha,manéhmaungajarinkan?”Kuring nyéréngéhseurideui.
“Ih naha seuri deui? Serius ih ....!” Tapi kuring kalahka tambah nyakakak Tungtungnajeletitnyiwitkanabeuteung.
“Nya atuh enya, siap upami hoyong diajar mah. Tapi teu kedah nyebat 'manéh' atuh.Cekapwéku'Ndri',hehe,”ceukkuring bari ngusapan tapak nyiwit. Manéhna tuluy imut.Nikareueutpisan.****
KUMAHA KAMANDANG MAHASISWA

PAMASSPERKAWIS BULANBASAJEUNGSASTRA?
Sampurasun!
Sasih Oktober tèh sok dimieling jadi Bulan Bahasa.Cukanglantarannahabisadisebut Bulan Bahasa, lantaran baheula aya kajadianpentingbangsaIndonesiahususna nonoman nyaèta Sumpah Pemuda. Momentumieuurangjadikeunhijisumanget pikeunngajagaPersatuanIndonesia.Ruparupa basa daerah jadi kamonesan bangsa Indonesia dina ngaraketkeun rahyatna. Salaku mahasiswa arurang kedah ngajaga sareng langkung reueus kana basa Indonesia sacara umum, basa daerah (sunda)sacarakhususna.HaturNuhun!
RieukeArdhyanti (Entragan2020)



Bulan bahasa jeung sastra mangrupakeun salah sahiji _moment_ nu di piéling pikeun nginget nginget ayana sajarah bangsa utamanasajarahayanabahasapangguyub pikeunbangsaIndonesianukawengkudina Sumpah Pamuda. Lian ti éta Bulan Bahasa jeung Sastra ogé mangrupakeun wentuk kareeus urang salaku bangsa Indonesia kana ayana basa jeung sastra nu kacida eyeubna.
NovaAzzahra (Entragan 2020)
Bulan Bahasa sareng sastra. Mangrupi hiji moment pikeun arurang salaku mahasiswa Sastra Sunda ngamumulé basa sareng Sastra. Dina jaman ayeuna kondisi kasusastraan Sunda tos kirang éksistensina. Éta nu kedah diperhatoskeun ku sadaya, hususna Mahasiswa Sastra Sunda Unpad pikeun nembongkeun kaparigelandinawidangSastra.
Sasihoktobermangrupakeunsasihnuseer pisan pepeling salah sahijina nyaéta bulan basajeungsastra,bulanieudipilihdumasar tina poin katilu tina sumpah pemuda. Dina raragamepelingbulanbahasajeungsastra ieu dipiharep urang sadaya utamana para kaummudatiasatetepngalestarikeunjeung Pede keur ngagunakeun basa urang sorangan, ulah dugika basa urang diandih kubasadengeun-deungeun.
BagusAhmad F. H. (PupuhuAis Pangampi Pamass 2022) RifkiaAli (Entragan2019)KannidaPinnieF (Entragan2021)
Kamandang abdi ngeunaan bulan bahasa jeung sastra nyaéta ajang kanggo kana sajarah bangsa nyaéta dina kaping 28 Oktoberanumarengansarengpoésumpah pemuda Biasana mah kanggo memperingatina sok diayakeun lomba supaya tiasa ngembangkeun minat siswa dinabahasajeungsastra.


SitiSupriantinah (Entragan2021)

Basa téh salah sahiji cirina bangsa, leungit basana ilang bangsana. Ku ayana mieling poébasajeungsastrangingetankanacikal bakal dina ngagunakeun bahasa Indonésia sebagaibahasaresmina.Ogémielingbasa jeung sastra ieu bisa ngaraketkeun sadaya golongannuayadiIndonésia.
SitiNoerZahra (Entragan2021)
BulanbahasatosAyatilami.Acaranagaduh tujuan ningkatkeun upaya masarakat basa jeung sastra di Indonesia éta diayakeun unggalsasihOktobertitaun1980kuBadan Pengembangan jeung Pembinaan Basa Nembé taun 1989 Bulan Basa robah jadi BulanBiasajeungSastra.Bulanbasatiasa janten momen nu pas kanggo arurang sadaya sangkan leuwih cinta kana bahasa, bahasaanuhadéturendah.





