47 minute read

Majalah Tangara Edisi Ka-17

Tangara

Advertisement

Majalah Tangara © 2020 by TangaraAll rights reserved

Pimpinan Rédaksi : Sahdan Maulana

Sekretaris

: Néndén Ayuni

Panata Harta

: Annisa Zulma S.

Éditor

: Jihad Alif

Desain/Layout

: Annisa Zulma S.

Marketing

: Syahrul Rohman Z. M.

Majalah Tangara Édisi ka-17April 2020

Tangara

DAPTAR EUSI

ARTIKEL

Kaca : 1

KKL

CARPON

Kaca : 6

Kaca : 8

PANGALAMANBODOR

BOBODORAN

Kaca : 15

Kaca : 17

SAJAK

FIKSIMINI

Kaca : 20

Kaca : 18

GALERI PAMASS

Kaca : 21

Tangara

MIKACINTA LEMAH CAI MITURUT AJIPIbram Ibrahim

D ina bukuna Ajip anu judulna "Janté Arkidam jeung Dua Likur Sajak Lianna", Ajip nulis sababaraha puisi, nyurup jeung judulna, nyaétaJanté Arkidam,Tanah Sunda,Umur Beuki Ngolotan,Pasini,Keur Olla,Variasi Guru Minda, Katumbiri,Jati Walagri,Ngabendung Situ,Banjar Karang,Anasir Jati, Nu Yakin, Mangsa Hujan Ngepris, Gelarna Sajak, Hirup, Di Jero Terowongan, Sajak Akhir Taun, Saméméh Ngaraas, Bendéra Ikin, Waktu, Do'a, Pareng Dina Hiji Poé, Bagus Rangin. Tinu 23 sajak dina éta buku, anu ngagaduhan téma ngeunaan lemah cai ngan aya 3, sésana mah nuturkeun kajadian-kajadian anu nuju lumangsung di jamanna.

Puisi-puisi Ajip dina buku "Janté Arkidam jeung Dua Likur Sajak Lianna",tos tangtu Ajip ngagaduhan maksad dina ngadamel éta puisi, sabab pangarang moal bisa leupas tina karyana boh tina gaya nulis, boh tina kasangtukang si pangarangna. Bisa waé puisi-puisi Ajip éta téh dumasartina pangalaman pribadi Ajip atawa caritaan ti batur anu ditulis, didamel puisi ku Ajip, bisawaé ogé puisi-puisi éta teh saukur imajinasi Ajip Rosidi. Conto sajakna nyaѐta Puisi Tanah Sunda. Puisi Tanah Sunda nyaritakeun hiji tokoh anu di dinya disebut kuring, tokoh dina puisi Tanah Sundatéh ngarepresentasikeun ngeunaan jelemajelema anu ngabéla lemah caina. Anu bébéakan demi taneuh anu géus dititipkeun ka anjeunna ti karuhunna.

Dina sempalan bait diluhur ngajelaskeun kumaha Ajip ngagambarkeun tanah karuhunna, anu masih héjo teu aya polusi timana-mana, anu lautna masih biru, kacida éndahna, angin ngahiliwir ti ditu ti dieu. Sacara teulangsung Ajip ngajak nu macangavisualisasikeun naon anu ku manéhna tulis. Makna "langit na haté kuring” bisa jadi ambigu, antara langit dina haté kuring atawa langitna haté akuring, makna kahiji ngandu ngarti langit aya dijero haté si subjék(kuring) dina puisi éta, sedengkeun makna anu kadua mah ngagaduhan arti, langitna haté kuring, nyaéta haté si subjék téh

mangrupakeun langit anu dimaksud, tapi upami ditingal tina tipografina tiasa dipastikeun yén maksad Ajip mah ka makna anu kahiji.

Dina bait di luhur bisa ditarik arti, nyaéta peperangan antara si subjék (kuring) jeung si 'penindas', dimana disebutkeun dina larik pertama jeung kadua. Larik salanjutna nyaritakeun kumaha kacidana si subjék ieu ngabéla lemah caina, representasi tina rasa deudeuhna. Si subjék ogé ngajelaskeun bahwa manéhna siap jadi ujung taméng, manéhna siap nyanghareupan jelemajelema anu hayang ngancurkeun lemah caina. Bener-bener nunjukkeun semangat militan anu teu dipikaboga ku budak jaman ayeuna.

Nyaritakeun ngeunaan kumaha kejemna pendatang-pendatang éta. Pangarti nu maca ogé kabantah ku bait-bait diluhur, dimana nu maca nyangka yén nu ngalawan 'penindas' téh ngan si subjék hungkul, tapisi subjék gé henteu nyorangan dina ngabélalemah caina teh, si subjék gé dibantuan ku masarakat di lembur manéhna. Bait ieu ngagabungkeun bahasa lugas jeung majas métafora jeung majas simile. Nu dimana lugas nyaritakeun rajapati teu pilih wanci, teras diselipkeun majas dina walungan banjir ku getih. Ajip benerbener hoyong ngagambarkeun kumaha kejemna sémah anu hoyong ngarebut kakuasaan jeung hartati pribumi.

Bait terahir, ngagambarkeun kaayaan lemburna, anu dimana asalna héjo éndah, rubah jadi héjo teu geunah, anu asalna paul hérang rubah jadi paul anceman jeung eweuh katengtreman. Diksi atawa pamilihan kata anu dipaké ku Ajip dina bait ieu rada unik, kumargi kanggo jelema-jelema jaman ayeuna, pasti teu ngarti paul téh naon, jeung sajabana, Ajip suksés nyieunnu maca panasaran jeung sumanget yén macakeun ieu puisi téh, kudujiga urang sadaya salaku pribumi ngalaman kajadian diluhur, bener-bener ieu puisi téh bisa jadi jambatan pikeun urang sadaya tambah mikacinta lemah cai.

1

Tangara

PROBLEMATIKA KARYA SASTRAANU AYA DINA KUMPULAN MONOLOG KEMBANG GADUNG KARYA RITA PUSPITA

Dwi Ayu Wulandari

P ikeun hasil tina panalitian bakal dibahas dina dua bagian anu béda nyaéta (1) ngungkapkeun unsur

intrinsik jeung

unsur ekstrinsik anu aya dina

kumpulan naskah monolog ‘Kembang Gadung’ anu

mangrupa tema, tokoh jeung penokohan, alur,

setting, point of view, gaya bahasa, jeung amanat

jeung

unsur

anu

mangrupa

kasang

tukang

masyarakat jeung kasang tukang

penulis; (2)

Relevansina buku kumpulan monolog; Kembang

Gadung dina kahirupan ayeuna. Di jero carpon ogé

dijéntrékeun

hubungan

kausalitas

unggal

unsurna,nu mana dina jero unggal

unsurna

dipangaruhan

jalanna

carita.Pikeun

kalima

naskah monolog pilihan

éta

sateuacanna

atos

dipilarian heula unsur

umumna

anu

ngagambarkeun kalima

naskah

monolog

éta.Panaliti milih lima

naskah monolog kusabab masih kénéh nganggap

relevan jeung kahirupan ayeuna,sok sanajan latar

carita miboga suasana jaman beheula. Sanajan

kitu,caritana mangrupakeun realisasi tina kahuripan

ayeuna. Unsur umum anu aya dina jero naskah ieu

nyaéta

alur

campuran,dominasi

alur

maju

sedengkeun alur mundur ngan ukur dianggo salaku

panyang kuyung dina ngawangun karya sastra.

Ditetepkeun anu suasana zaman baheula jeung

amanat nu aya di masarakat mana anu hadé jeung

mana anu goréng. Nyaritakeun ngeunaan pergaulan

rumaja anu lamun teu dibarengaan ku kasadaran kapayuan kumaha, sarta moralitas di jero kaitanna jeung strata sosial anu masih aya di palemburan.Kecap atawa sering disebut jeung istilah “pamali” oge jadi pokok bahasan anu penting,sabab kakaitanna jeung nilai-nilai luhur nenek moyang anu kudu dijagi jeung dihormati.

Hubungan novel sareng nilai-nilai anu dikandung teu tiasa dipisahkeun. Nilai-nilai anu aya nyaéta bagian-bagian anu digunakeun ku pangarang pikeun ngahijikeun tujuan nyerat naskah atanapi ngan saukur ngabéjaan kajadian anu aya. Dina kakaitanna jeung nilai-nilai anu kakandung, boh dina nilai moral atanapi nilai sosial di piharep tiasa dijadikeun acuan dina kalakuan jeung paripolah, nu matak teu numbukeun karugian pikeun diri sorangan atanapi pikeun jalma séjénna. Tangtosna panaliti sorangan naliti hiji naskah téh margi aya kakaitanna jeung kahirupan ayeuna.Kakaitan éta karangkum dina jero hiji pernyataan atanapi paréntah anu aya dina jero naskah. Relevansi jeung kahirupan ayeuna nyaéta masih kénéh aya kasewenangan dina ranah politik sarta kakuasaan. Keasewenangan éta ngajadikeun masarakat handap jadi korban,sarta upami masarakat kalangan bawah hoyonng nyorakeun sora haténa ngadon ngajadikeun buronan di soca maranéhna anu miboga kawasa.Tangtosana ieu salah sahiji kasalahan boh dina jero pamaréntahan atanapi dina jero hak sosial.Pikieun ngahindarkeun hal éta urang sadaya butuh pisan UUD ’45.

2

TangaraTangara

Body Shaming Salah Sahiji Cara Maéhan Jelema di Jaman KiwariAnnisa Zulma Salsabila

B ody Shaming anu jaman kiwari ramé dicaritakeun téh nyaéta salah sahiji kagiatan ngomentari jelema nu ngarujuk kana bentuk pisik na. Body Shaming téh nyaéta kalakuan anu kawilang négatip, sabab koméntar anu di sebutkeun nyaéta koméntar anu goréng kalayan bisa ngajieun batur nyeri haté, malah nepika aya nu bunuh diri kusabab di komentar bentuk pisikna. Geus teu saeutik jaman kiwari loba jelema nu bunuh diri kusabab dihina bentuk pisikna ku batur. Teu urang waé nu sok di koméntar pisik ku ka batur, tapi loba ogé artis anu jadi korban Body Shaming. Salah sahiji artis luar negri nu jadi korban Body Shaming nyaéta Sulli. Sulli nyaéta artis koréa anu bunuh diri kusabab dihina pisikna ku idolana.

Body Shaming kaasup cara ngabunuh jelema kucara verbal. Teu kudu ngagunakeun senjata, jelema nu dikomentar pisik na kucara negatip bisa ngajieun depresi nepika maotna. Nu kumaha conto Body Shaming téh? Loba pisan conto Body Shaming nu mungkin waé urang ogé osok nyebutkeunna ka batur. Conto Body Shaming diantarana nyaéta nyebutkeun awak batur lintuh, nyebutkeun awak batur begang, nyebutkeun rarayna goréng patut jeung sajabana. Kalimah nu kaasup Body Shaming diantarana “Ih meni gendut kitu awak téh ngéwa ih..” , “Ih awak téh meni begang jiga congcorang” , “Eta bengeut meni hideung kitu..”jeung sajabana nu ngarujuk kana ngomentar pisik batur.

Pangaruh atawa épék tina Body Shaming nyaéta ngajieun jelema nu di komentaranana insecureatawa teu percaya diri kaleuleuwihi, ngabogaan méntal down, jeung épék nu pang bahayana nyaéta ngajieun jelema nu dikomentar téh dèprèsi nepika bunuh diri. Salian ti éta masih loba épék bahayana tina nu ngarana Body Shaming téh. Kukituna urang ulah sok ngoméntar pisik batur kaleleuwihi.

Ngalakukeun tindakan Body Shaming dina média sosial bisa keuna ancaman hukum. Hal ieubisa dikatégorikeun asup UU ITE (Undang-undang Informasi dan Transaksi Elektronik) Pasal 45 ayat 1 jeung Pasal 27

ayat 3 nu bisa diancam 6 taun kurungan penjara. Ngalakukeun tindakan Body Shaming kucara langsung nepikeun ka jelemana bisa keuna ku Pasal 310 KUHP jeung ancaman hukuman 9 bulan. Jeung ngalakukeun tindakan Body Shaming ku cara tertulis atawa narasi ngaliwatan transmisi média sosial bisa keuna ku Pasal 311 KUHP jeung ancaman hukum 4 taun kurungan penjara.

Tindakan Body Shaming jelas ku agama Islam di haramkeun sabab tindakan éta bisa ngarugikeun batur jeung ngarusak duduluran sasama muslim. Allah SWT ngajelaskeun dina surah Al-Hujurat ayat 13 nu artina :”Héi manusa, sabenerna Urang nyiptakeun anjeun dina saurang lalaki jeung saurang awéwé jeung ngajadikeun anjeun ngabangsa-bangsa jeung bersuku-suku supaya aranjeunsaling wanoh. Sabenerna jelema nu paling mulia diantara anjeundisisi Allah nyaéta jelema nu paling takwa diantara anjeun. Sabenerna Allah Maha Mikanyaho jeung Maha Mikawanoh.”Dina ayat éta ngajelaskeun yén Allah nyiptakeun jelema anu béda-béda, miboga suku bangsa nu pastina béda warna kulit, buuk, panon, irung, jeung bentuk awakna. Tina kabédaan éta Allah ménta yén urang kudu silih hormat, silih ngarti, jeung ulah nepika silih hina.

Manusa ngabogaan kamuliaan ku akal jeung haténa. Akal kuduna digunakeun ku manusa sangkan dipikirkeun heula saacan ngalakukeun tindakan boh ka batur boh kadiri sorangan. Kitu ogé haté kudu dipertimbangkeun keur nimbang rarasaan urang téh geus ngabogaan prilaku alus atawa henteu, nganyerikeun haté batur atawa henteu. Teu aya makhluk nu paling mulia salain manusa nu bisa ngamangpaatkeun akal jeung haté ku cara nu pang alusna.

Ngeunaan Body Shaming bisa jadi salah sahiji kapuasan diri keur ngoméntar kaayan batur. Tapi kudu diinget, yén tindakan éta téh bisa ngajieun batur nyeri haté. Ti ayeuna jauhan nu ngarana tindakan Body Shaming bisi ngajadikeun salah sahiji mamala jeung urang nu ngalakukeunna. Jeung nu paling bahaya nyaéta jelema nu dihina ku urang teu ngahampura kasalahan urang. Naudzubillah min dzalik

3

Tangara

CrosshijaberSyahrul Rohman Zaelani Mukti

N ganggé papakéan anu teu nyurup jeung jenis kelamin bawaan ti barang borojol tos aya ti ratusan taun kapungkur, hal ieu tos dilakukeun ku sababaraha nagara ogé sababaraha alesan. Di taun 1450-1553 di Inggris, istilah crossdressing tos aya. Nepi ka crossdressing ieu teu dilakukeun ku lalaki hungkul tapi ku istri ogé. Di jaman éta, dicatet aya 13 istri dihukum kusabab ngalakukeun crossdressing. Sapalih ngangge topi lalaki atawa jubah pastor jeung ogé nyukur pondok buukna.

Crossderessing kuat jadi budaya nu populer di Jepang liwat tren barudak ngora nyaeta custom play atawa biasa disebut cosplay. Ngahijikeun pakéan atawa hiji objék di dunya seni émang diklaim teu aya batasan. Pakéan lintas gender diklaim jadi kapentingan ku dasar seni lantaran salah sahiji bentuk ekspresi diri.

Istilah crossdressing béda jeung kondisi transgender. Crossdressing bisa waé seueur tujuan, dimimitian ti nyamar pikeun ngalakukeun tindak kriminal, hiburan, atawa ékspresi diri. Lamun transgender orientasi seksualna beda jeung jenis kelamin ogé biasana benerbener alim balik deui ka jenis kelamin nu tiheula nepi ka manéhna transformasi misalna terapi hormon atawa operasi kelamin.

Wanci ieu busana muslimah di Indonésia tos seueur ragamna. Hijab tos jadi trén keur muslimah, tos seueur bentuk, warna, jeung modélna. Mulai ti nu nutupan sirah na hungkul nepi ka nutupan saawak-awak. Hal ieu nunjukkeun hijab teh tos jadi sistem budaya di masyarakat Indonesia..

Kelompok crosshijaber émang tos ti mimiti manéhna resep maké papakéan istri. Fénomena cadar nu tos jadi trén di Indonésia ogé dimangpaatkeun ku kelompok ieu. Alih-alih ngan saukur ngalampiaskeun kalakuan nu nyimpang, horéng mangpaatkeun trénpikeun ngalakukeun kajahatan.

Tapi laun-laun manéhna mulai wani tampil di tempat-tempat umum. Hal ieu ngaresahkeun warga.

Kusabab ku nganggo cadar, urang hésé ngabédakeun mana nu lalaki jeung mana nu wanoja. Manéhna bisa waé ngalakukeun tindak kriminal mangpaatkeun papakéan istri.

Sapertos di salah sahiji masjid di Sukaharjo pernah aya hiji lalaki nu nganggé cadar pikeun popotoan jeung sasalaman sareng jamaah istri. Awalna jamaah istri teu nyadar éta teh lalaki, horéng si lalaki éta rék ngabangsat karék we kapanggih éta lalaki.

Di Indonesia, cadar tos jadi trén ogé. Tos seueur tempat nu dieusi ku kelompok agama tertentu ngawajibkeun ka para istrina nganggé cadar. Alih-alih nerapkeun sunnah Nabi, lamun beuki seueur jalmi nu ngangge cadar, beuki hésé ogé urang apal jeung jalmi éta.

Cara ngabédakeun istri sareng crosshijaber biasana kucara diajak ngobrol. Kusabab pakéan muslimah nutupan hampir saawak-awak, cara paling gampil ngawanohan saha dibalik pakéan éta nyaeta ku ngajak ngobrol. Ti sisi psikologis, keur pelaku crosshijaber ieu bakal ngareuwaskeun manéhna.

Kusabab reuwas jeung teu nyangka bakal ditanya jeung diajak ngobrol, rasa geumpeur manéhna bakal katingal jadi kamungkinan ageung jalmi nu aya dibalik gamis jeung cadar éta nyaéta palaku crosshijaber.

Lamun palaku crosshijaber ieu masih kénéh tenang jeung ogé males salam atawa males nanya, perhatikeun sora beurat khas kaum Adam. Lamun masih can pasti jeung ogé tacan tiasa ngadangu sora beuratna, terus ajak ngobrol siga nu hoyong kenal jeung manéhna

Teras nu kadua nyaéta, Perhatikeun cara leumpangna. Cara leumpang istri asli beda jeung imitasi. Crosshijaber masih bisa diwanohanku merhatikeun arah leumpang sukuna. Istri leuwih ka ngaléngkahkeun suku nyilang, atawa ngabentuk hurup X. Samentawis cara leumpang lalaki leuwih ka lurus ka hareup.

4

Tangara

Réfléksi Game of Thrones Dina Kahirupan Masyarakat Sunda Urang SapopoéAllif Pradana

G

ame of thrones mangrupakeun salah sahiji sérial drama fantasi nu aya di ChannelHBO di sutradarai ku David Benioff jeung D. B. Weiss ditayangkeun ti April 17, 2011 di Amerika Serikat nepi ka 19 méi 2019 nu nepi ka 8 Séason (73 episodé) mangrupakeun salah sahiji pilem adaptasi nu épik ti novél jieunan George R. R. Martin nyaéta Song of the fire and ice, carita nu ngalatarkeun di dunia fiksi nyaéta Westeros nunyaritakeun dimana aya salah sahiji karajaan nu karajaanna pinuh ku intrik jeung pertikaian antar kulawargakarajaan/ Bangsawan nu disebut Great House kanggo meunangkeun tahta karajaan Seven kingdom nyaéta The Iron thronesnu dijeun tina rébuan pedang musuh nu cairkeunjeung di tempa ku seneu naga pikeun nyieun singgasanana, Game of Tthrones sorangan mangrupakeun salah sahiji séri tipi nu meunang perhatosannu hadé pisanti Internasional, miboga loba fanbasejeung panikmat di dunia internasional, Game of thrones sorangan di Indonesia menangkeun loba perhatosan jeung mangrupakeun salah sahiji séri kameumeut di Indonesia d buktoskeun ku lobana nobar, diskusi, jeung kondang na kata “Winter is coming” nu loba dijadikeunMeme, karikatur jeung sajabana sering diucapkeun kunu raresepna.

Game of thrones sorangan mangrupa carita na museur ti kahirupan Daeneris Targayen nu mangrupa hiji putri wawaris karajaan nu bapana geus di turunkeun kusabab ku para rahyatnyadiprotés, nanging Daeneris masih ngarasa bahwa tahta di karajaan na baheula kénéh sah nu anjeuna, nu gening raja nu ngaganti bapana heunteu jauh béda ti bapana Daeneris, éta nyieun para bawahan bapana nyaéta para bangsawan nu disebut ‘Great Houses’ jeung sapalih rahayat hayang naékeun Daeneris jadi ratu jang karajaan SevenKingdoms, étaogé mangrupa puseur masalah jeung carita di ieu film, nu matak nyieun carita ieu ramé loba hal nu kontroversial kapanggih di sérial film ieu ti panghianatan, pembunuhan, kaajaiban jeung karumitan intrik jeung diplomasi ti para tokoh jang ngajegal lawanna atawa ngabantuan baturna atawa nu paling mindeng jang tujuan masing-masing para tokohna, ditambah deui datangna White walker (mayat hirup) nu datang jang ngarusak jeung ngahancurkeun dunya jalma hirup, didinya carita Game of thrones makin riweuh jeung rieut, diantara séueur na tokoh aya sababaraha tokoh inti deui nu penting di Game of trones sapertos Jonsnow, Eddark Stark, Tyrion Lannister, Cersei Lannister, Little Finger, jeung Roberth Baratheon nu kabéhna sapertoskulawupasipatanana di film teu tiasa ditebak mana nu disebut bener-bener protagonis atawa antagonis .

Game of thrones mangrupakeun sérial nu teu biasa, dimana biasana sérial TV atanapi film ngeunaan perang biasana antara nu bageur jeung nu jahat, nu dimana di akhir aya pihak nu meunang nyaéta biasana pihak nu bageur atawa pihak nu lalim nu engkéna éléh di ahir, tapi di Game of thrones sorangan cék sutradara jeung pangarang novél na mangrupakeun karya nu perwujudanana ti sipat asli manusa dimana teu aya nu hadé jeung nu lalim saratus persén, jeung dimana unggal paripolah nu kirana hadé kudu dipikir-pikir deui lantaran bisa baé ngajurumuskeun urang ka masalah nu leuwih abot, atawa tindak nu ditingal siga nu goréng tapi éta mangrupa hal nu hadé jang kahareupna.Game of thrones dina unggal épisodpinuh ku pertikaian, intrik, panghianatan, perjuangan, kahormatan, sipat ksatria jeung sajabana, nu dicampur nu ahirna méré pertanyaan jeung ambiguitas ka para panikmatna, dimana hal nu dianggap sipat tokoh utama kudu hadé jeung alus waé sipatna atawa saenyana tayanu bener bener ‘bodas’ kabéh

atawa ‘hideung’ kabéh, nu pastina hal nu tiasa kuurang candak ti film ieu nyaéta kin naméré perspektif anyar jang kahirupan urang, nu upami kuurang tilik hal-hal nu aya dina éta film mangrupakeun conto nu aya di carita masarakat nudimana sabenerna rasa kaadilan, cinta, dosa jeung kahormatan sabenerna kulawu dina hirup manusa taya standar nu sarua di hirup manusia.

Taya hal nu bener-bener alus jeung adil di kanyataan kahirupan manusa , lantaran misalna urang nyokot salah sahiji sudut pandang éta can tangtu bener cék sudut pandang nu séjénna , ngeunaan nganggeuskeun masalah, tindak jeung sajabana. Manusa loba nyokot tindak nu midasar ku kahayang , égo séwang-séwang, jeung tujuan pribadi, kaégoisan manusa jang kahirupan pribadina moal tiasa ngalawan, nu pikasedihna loba manusa nu karék bisa ngarobah sipat éta lamun, nu lainna sadar yén hal éta kurang alus jang manéhna , gara-gara istilahna ‘geus keuna batuna’ karék manéhna ngarobah sipat manéhna, lain kusabab dilandasan hal étatéh goréng jang nu séjén.DinaGame of thrones urang ksadaya loba nimukeun kasus jeungmasalah kos kieu dina sérial film na, tiasa disebutken yén Game of thrones téh mangrupakeun ajang show case nu nampilkeun kaayaan manusia nu bener bener aya di masyarakat tanpa sensor.

Loba hal pikaresepeun nu kuurang tiasa taliktik ti sérial iyeu nu mereunan pernah ditimukeun di sajarah atawa kahirupan sapopoé urang sunda, urang bakal manggihan loba kontén jeung kritik nu négatif ngenaan manusa ti Game of thrones, nu kuurang sok api-api buta jeung tabu jang dibuka ka masarakat, hal jeung konten nu sifatna kekerasan jeung vulgar dina iyeu séries atawa skandal-skandal ngenaan incest, pembunuhan, penghianatan jeung sajabana nu katingal siga nu tabu di masyarakat sunda tapi sabenerna pernah aya dina kahirupan orang sunda misalna mangsa urang ningali ka sajarah-sajarah jeung carita-carita, naskah sapertos cinta jeung panghianatan dinu carita parahyangan, skandal mandiminyak di carita naskah parahyangan , jeung sababaraha legenda siga sangkuriang nu aya ngandung unsur-unsur hal nu tabu saperti incést jeung sajabana nu katingalina tabu tapi bener aya dinanaskah jeung carita masyarakat sunda.

Masarakat sunda kuduna tetep tiasa ngaregepkeun jeung ngaji mana hal-hal anu alus ti Game of thronessapertos sipat-sipat ksatria ti babaraha tokoh sapertos ti Jon Snowatawa kapinteranTyrion Lannisterjeung ngajadikeun hal-hal nu goréng salaku jang urang sadaya ngeunteung ka diri jeung réfléksii diri yén étatéh hal nu salah etateh aya atawa pernah aya di kahirupan urang atawa masarakat teh.

Masarakat sunda kuduna bisa néangan makna jeung réfléksi ti unggal hal nu aya dideukeutna jeung ngagunakeun makna nu dicokot keur kabagjaan jeung kahadéan masarakatna, bisa ti kahirupan sakitar, sajarah jeung carita lokal, nepi ka carita nu datang ti luar sunda nu sifatna internasional. Ngabeungharkeun prinsip, jalan pikir, filosofi jeung sajabana nu kuurang tiasa koréhan ti hal-hal nu diluhur éta, mangrupakeun salah sahiji hal anu alus kanggo masarakat sunda, soalna tina lobana urang nyokotan makna ti hal-hal nu ku urang timukeun téhbekel urang keur kaayaan nu kuurang teu disangka-sangka.

5

Mikanyaho Baduy Saur Agung Ghifari Sareng Imanudin Abdurohman

D

ina danget minuhan salah sahiji mata kuliah, Sastra Sunda Universitas Padjadjaran ngayakeun KKL (Kuliah Kerja Lapangan) ka Baduy nu baris dilaksanakeun awal bulan April engké. Saméméhna, dua taun ka tukang ogé KKL dilaksanakeun di dinya. Sanajan kitu, unggal ka Baduy tangtu aya nu ngabédakeunana. Mahasiswamahasiswa anyar nu baris dilibatkeun dina ieu kagiatan tangtu resep jeung panasaran naon anu bakal dilakukeun di ditu. Hadéna mah urang kudu mikanyaho heula ngeunaan Baduy.

Saacanna, didugikeun ku salah sahiji dosen Sastra Sunda Unpad nyaéta Bapa Taufik Ampéra, M. Hum (Pébruari, 2020), KKL (Kuliah Kerja Lapangan) nyaéta salah sahiji mata kuliah nu aplikatif nu muserkeun kagiatan di lapangan guna nerapkeun téori-téori nu geus dimeunangkeun di kelas. Salian ka kampung adat, KKL ogé biasa dilaksanakeun ka daérah basisir atawa daérah transisi. Di Baduy téh masih kentel pisan adat dina kahirupan sapopoéna, urang bisa manggih budaya jeung kabiasaan nu geus leungit di kahirupan jalma jaman kiwari. Kusabab kitu ogé, urang kudu nyaho pangalaman-pangalaman jalma nu kungsi kaditu sangkan urang teu reuwas teuing jeung bisa ngajaga hal-hal nu henteu dipikahayang.

Dipanggihan di sekretariat Pamass (Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda) UnpadKang Iman jeung Kang Agung, mahasiswa semester akhir Sastra Sunda nuturkeun pangalamanana di Baduy taun 2017 tiheula. Sababaraha hal kudu disiapkeun saperti fisik jeung matéri. Kasiapan fisik penting pisan kusabab jang nepi ka lokasi urang kudu lempang nu di mana jarak pangjauhna téh nyaéta 15 kilometer. Euweuh transportasi nu bisa mawa urang ka lokasi, ku kituna kasehatan tiap-tiap mahasiswa nu milu ogé dipe

Persiapan babawaan jang di jalan sapertos cai inum jeung kadaharan kadéulah poho.

Ngeunaan kaayaan kahirupan di Baduy, duanana nyarita yén urang kudu bisa adaptasi jeung masarakat di Baduy nyalira. Sababaraha hal bakal kapanggih sapertos bahasa nu digunakeun. Di ditu mah bahasa nu biasa dipaké téh nyaéta bahasa kasar. Maranéhna moal ngarti lamun dibawa ngomong mak bahasa lemes. Pikeun ngaguar data, urang ogé kudu pinter meunangkeun simpati ti maranéhna sabab sababaraha warga aya kénéh nu teu daék nyarita jeung lamun aya nu geus katingali teu daék diajak ngobrol urang teu meunang maksa sabab kungsi kajadian aya nu nepi pundung. Pikeun dokumentasi, di Baduy Luar mah téknologi geus lain barang nu anéh sabab malah urang dituna ogé aya nu geus miboga hapé jeung tv. Tapi béda aturan lamun urang asup ka Baduy Jero, sabab kentel kénéh pantrangan-pantrangan, hal éta ulah disapirakeun. Pernah kajadian salah sahiji mahasiswa moto hiji imah Puun (sesepuh) geus kitu ditegor. Di sawaréhna Baduy Luar mah geus aya pasar, warung jeung wc geus teu kudu hariwang masingkeun éta wc ngan saukur bangunan wc saperti dipanciringan jeung euweuh suhunanan. Penggunaan bahan kimia saperti sabun, sampo jeung sajabana teu meunang kusabab masyarakat di dinya ngajaga alam pisan.

Dumasar kana caritaan dua lanceuk di luhur, salaku mahasiswa pendatang, urang kudu nunjukeun sikap mahasiswa nu sabenerna, ngahargaan kana adat, budaya jeung kabiasaan di ditu.Nurutkeun naon-naon anu diparéntahkeun jeung nu diulahkeun sangkan urang ogé meunang pangarti ti masyarakat di dinya.Ogémeunang pamaksudan pikeun meunangkeun informasiinformasi budaya supaya urang bisa ngamumulé jeung ngabagikeun saeutikna kabeungharan urang Sunda nu pantes dipikareueus ku urang sadaya.

rhatikeun, teu meunang poho mawa obatobatan pribadi komo nu miboga panyakit mah.

6

Tangara

Tatahar Pikeun KKL ka Baduy Saur Erik J.S.

K

KL atawa Kuliah Kerja Lapangan nyaѐta salah sahiji mata kuliah nu kudu dicumponan ku mahasiswa Sastra Sunda Universitas Padjajaran. KKL téh biasana dilaksanakeun di semester genap. Taun 2020 KKL téh baris dilaksanakeun di Baduy. Taun 2018 KKL téh dilaksanakeun di Leuwiliang Bogor jeung taun 2019 mah KKL téh dilaksanakeunna di Cimerak Pangandaran. KKL mimiti diayakeuna nyaéta taun 1978 di Kecamatan Cibingbin Kabupatѐn Kuningan. Kagiatan KKL nyakupan Tri Dharma Perguruan Tinggi, nyaѐta Pendidikan, Penelitian jeung Pengabdian ka masarakat.

Mata kuliah KKL téh diproyékkeun jadi tilu bidang nyaéta inventarisasi, dokumentasi, jeung apresiasi. Hasil tina katilu widang ѐta rѐk dikembangkeun jadi bank data keur bahan penelitian mahasiswa jeung dosén. KKL ogé mangrupakeun mata kuliah aplikatif nu dilaksanakeun di daѐrah adat istiadat, basisir, jeung daerah transisi.

Unggal taun kagiatan KKL téh sok dipilih pupuhu kelompokna. Kaleresan taun 2020 nu jadi pupuhu kelompokna nyaéta entragan 2017 atawa seméster 6. Ditepungan di buruan sékrétariat PAMASS (Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda) Universitas Padjajaran ping 27 Pebuari 2020, Kang Erik Ja’far Shodiq mahasiswa Sastra Sunda entragan 2017 nyaritakeun pangalaman-pangalaman KKL nu sateucanna. “Sateuacan na abdi kantos

ngiringan KKL dua kali, nyaéta taun 2018 di Leuwiliang Bogor, sareng nu kamari taun 2019 di Cimerak Pangandaran” ceuk Kang Erik. Kang Erik nyaritakeun yén kagiatan KKL téh nyaѐta kagiatan milari data nu kaasup Filologi, Sastra, jeung Linguistik. Biasana dina bidang Filologi mah mahasiswa téh milari data ngeunaan naskahna, dina bidang Sastra na milari data ngeunaan karya-karya nu bisa jadi aya di kampung adat éta, jeung dina bidang Linguistik mah biasana ditaliti kumaha dialék masarakat kampung éta.

Salaku mahasiswa 2017 Kang Erik jeung réngréngana tos tatahar pikeun nyanghareupan KKL ayeuna, salah sahijina saur Kang Erik nyaéta persiapan pisik. “Kusabab diditu téh urang bakal mapah, urang téh kudu siap pisikna, kudu séhat” ceuk Kang Erik. Salian ti nyiapkeun pisik urang ogé kudu nyiapkeun barang-barang keur pibekeleun engké di Baduy, jiga nyiapkeun alat-alat pribadi, obat-obatan, jeung sajabana. Salian ti éta Kang Erik nyaritakeun yén saupamana urang engké di Baduy urang téh kudu bisa mihapékeun manéh, ulah sompral, kudu sopan jeung kudu ngahargaan pantrangan nu diditu geus disebutkeun. Keur mahasiswa seméster 2 KKL ieu téh nyaéta kagiatan anu munggaran, kukituna Kang Erik nyebatkeun yén kudu dijaga sumangetna, dijaga pisik jeung méntalna, jeung upami cacandakan engkin kanggo ka Baduy kudu diminimalisir ari nu teu penting mah teu kudu di bawa méh teu raridu.

7

Tangara

Sésa PurnamaSagita Asyifa

P urnama geus lekasan. Waktu manjing kajanari, api tisa peuting teu bisa reup. Anteng baénempo purnama. Ti baheula mémang sok remen kaluar lamun keu raya purnama, sok resep ningali cahyana, buled. Sok ngibaratkeun wanoja yén kudu siga purnama buled tekadna katut bisa méré cahya keur nu disabudeureunana.

Tapi diri asa sakur jadi bulan sapasi, tayaharti. Béda jeung taun-taun anu katukang. Teu karasa leungeun geus mapay-mapay album foto, buku taunan SMA jeung waktu kuliah. Muka buku taunan SMA, sok ras hayang balik deuika mangsa harita. Mangsa dimanaharita mah bébas, eweuh beban, ceuceuleukeuteukan gé taya nu ngalarang.

Maju ka halaman terahir, rada lila nempo téh katémbong dina foto, wanoja maké saragam bodas anu digigirna budak lalaki maké baju pulas hideung. Jadi inget, mangsa harita mimiti amprok jeung manéhna. Harita, kelas tilu keur ngayakeun pénsi pikeun ngareuah-reuah kelulusan. Manéhna jadi pupuhu panitia, kuring wakilna.Teu nyaho rék bareng komo jadi wawaki lmanéhna di acara nu sakitu gedéna ceuk kuring mah.

Satutas acara lekasan, keur lempang rék megat angkot manéhna datang bari mawa motor bébékna. “Hayu”. Ceuk manéhna bari teu ngalieuk. Teu langsung ngahayukeun. Teu lila manéhna ngalieuk, réflék sirah langsung unggeuk. Sapanjang jalan, taya carita horéng motor téh ngadon malipir ka rumah makan sisi jalan. Leungeun manéhna narik leungeun kuring, langsung baé asup ka rumah makan.

Tidinya, jadi apal saha manéhna nu saenyana. Asa beuki simpati, pédah resep ka aliran musik nu sarua jeung hal anu ceuk batur 'anéh' gésarua. Waktu manjing kapeuting, harita pas keuraya purnama. Biyursora motor

meulah Bandung, meulah haté kuring. Asa lewang, teuing harita mah keurduaan.

Kieutéhmanjangnepika kuliah. Sa universitas tapi béda fakultas. Manéhna asup ka téhnik, kuring sastra. Sanajan kitu, komunikasi mah tetep baé lancar. Malah beuki geugeut sigana. Jeung manéhna, sagala hal nupatalina jeung budaya, basa, agama jadi ramé. Malah manéhna nu nyieun komunitas save sunda. Sapamikiran sangkan urang sunda ulah leugiteun idéntitasna, teu leungit ogé budayana.

Manéhna ogé nu matak apal sakuliah Bandung téh. Ti Dago nu jadi tempat kameumeut duaan nepi tempat buku murah tapi bajakan. Yén cenah hirup mah lain sual kamar jeung imah baé. Nyaan manéhna lir ibarat purnama, nyaangan haté nu kahieuman.Tapi kukitu manéhna teu bisa nyaangan haté indung nu kacida poék jeung teuas. Harita, manéhna datang kaimah rék ngajelaskeun maksudna, hayang meungkeut kuring. Asa reuwas tapi bagja. Sugan, sugan téh rék terus manjang, horeng indung teu ngawidian.

Ali nu dibawa manéhna, dialungkeunku indung. Di témpas sagala carita sarta jangji manéhna rék ngabagjakeun kuring. Indung teu hayang pisan ngadéngé carita kumaha yén kuring jeung manéhna geus sakitu layeutna. Gusti! Asa katurih eurih ieu ati waktu ningali manéhna di kitu-kitu kunu jadi indung harita. Bapa teu bisa kumaha, sok éléh mun indung geus buled kana kahayangna.

Ti harita, teu apa; deui kumaha iberna cenah mah manéhna ka luar negri neruskeun sakola S2na. Horéng diluar hayam geus tingkongkorongok. Ti luar kamar kadéngé indung ngetrok panto “Néng gera siap-siap tukang rias panganténna tos sumping”.Gebeg! Cimata nu titadi ngucur beuki bedah, leungeun beuki pageuh nangkeup album foto.

8

Tangara

Balanja OnlénIrma Dwi Astie

U nggal isuk Yérin sok mantuan indungna bébérés di warung. Kabeneran harita poé ahad, jadi ngadadasarkeun balanjaan ti pasar téh ku Yérin kabéh, da moal karurusuh indit sakola. Di kampung Cikiray mah, warung indungna Yérin téh mangrupakeun warung anu kumplit.

Ti belah kalér, mang Danang leumpang ngagedig bari ngakod sundung.

Indungna nanya, “Badé ngarit kamana, mang?”

“Badé nyobian ka lapang Cimanglid, nyi. Manawi aya kénéh jukutan.” Walon mang Danang.

“Teu ngojég kitu mang? Biasana wanci kieu tos mangkal di lawang Cikiray.”

Mang Danang ngarahuh, “Tos langki ayeuna mah, nyi. Langgan amang téh tos ngaralih kana ojég onlén.”

Enya. Ti saprak aya angkutan onlén, mang Danang jadi jarang ngojég. Saacan aya angkutan onlén gé néangan langgan téh hésé, ayeuna katambah ku ayana angkutan onlén, atuh beuki sepi waé langgan téh.

“Daripada amang ngahuleng di pangkalan, meuning buburuh ngarit. Upami kékénginganana énjing kénéh, buruhna ogé tiasa katampi harita kénéh. Pan lumayan, aya kanggé ngagaleuh béas dua kiloeun waé mah.” Yérin anu ngaregepkeun omongan mang Danang ngarasa karunya, kitu ogé indungna.

Keur kolot siga mang Danang mah, nuturkeun zaman sagala canggih kawas kiwari téh hésé. Tong boroning kudu sapopoé ramona gogolosoran dina layar hapé android, nyoo hapé jadul ogé biheung bisaeun.

Yérin nuluykeun pagawéanana di warung. Sora mang Danang téh geus teu kadéngé deui. Inditna ogé teu kanyahoan iraha-irahana.

“Teras wé lempeng ka palih wétan, jang! Kin di payun aya tajug, tah di gédéngeunana téh aya gang alit. Lebet wé ka dinya! Ti dinya mah tos teu sesah milari, da mung hiji-hijina bumi gedong, cét héjo. Éta bumina!” ceuk indungna duka ka saha, da anu

diajak ngomongna ogé kahalangan ku tangkal jambu batu.

Sanggeus réngsé dadasar, Yérin diuk dina korsi tukangeun étalaseu bari facebook-an.

“Asa ku mindeng-mindeng teuing aya nu nanyakeun imah bu Jamila. Ampir unggal poé, jaba dina sapoéna téh kadang sok aya kana dua kalianana.” Indungna nyarita bari nyapukeun karuku anu ragragan kana suhunan paranjé. “Boa bu Jamila mah sok susuratan kénéh? Jadi meureun unggal poé téh kadatangan tukang pos.” pokna deui.

“Maenya?” ceuk Yérin dina jero haténa. Apan ayeuna mah geus sagala canggih. Komunikasian jeung baraya jauh ogé babari. Teu ngan saukur bisa nelepon jeung sms-an, ayeuna mah ngobrol pahareup-hareup dina hapé ogé bisa. Nyaéta anu disebut video call téa. Jeung deui pan bu Jamila téh beunghar, maenya teu kabeuli hapé alus mah.

Teu lila bu RT datang.“Punten..!”“Mangga.. Éh bu RT, priyogi naon bu?”

“Aya kiciwis, nyi?” ceuk bu RT bari rarat-rérét kana méja sayureun.

“Oh, nyondong. Tuh, meuni saleger kénéh.” ceuk indungna.

Barang indungna keur ngaladangan bu RT, ceu Éci jeung ceu Ima datang.

“Punten..!”

“Mangga..” walon bu RT, Yérin, jeung indungna babarengan.

Ceu Éci jeung ceu Ima ting kecewis bari haréwos bojong, “Isuk kénéh geus aya nu ngirim pakét.” ceuk ceu Ima.

Tuluy ceu Éci nanya ka indungna Yérin, “Nyi Risna, ari bu Jamila sok balanja ka dieu tara?”

“Osok sakapeung mah. Kumaha kitu?” ceuk indungna.

“Enya osok so téh sakapeung. Nyai, bu Jamila mah balanja nanaon ogé sok tina onlén. Sembako,

9

Tangara

parabot, nepikeun ka papakéan sapamadeganana gé tina onlén. Abong-abong tara gaul jeung tatangga.”

Ceu Ima nambahan, “Bu Jamila mah kurung batok, tara indit-inditan kanu jauh. Balanja ka pasar téh horéam ngingkigna, ceunah pokna téh. Matak balanja nanaon gé kuat ka dianteurkeun kunu dagangna. Unggal poé aya waé nu ngirim pakét.”

“Oh, paingan ka dieu gé ampir unggal poé aya waé anu nanyakeun imah bu Jamila. Singhoréng éta téh nu ngirim pakét, nya?”

“Enya. Sok meuli naon ari ka dieu?” ceuk ceu Éci.

“Paling ogé sok jajan bala-bala ari tengah poé téh.”

“Nya puguh wé atuh, da meureun nu kitu mah piraku meuli tina onlén. Nganteurkeunana gé kaburu gaaleun mantén.” ceuk ceu Éci bari nyakakak bangun nu ngeunah.

“Ih, puguh ayeuna mah tuangeun ogé seueur anu dionlénkeun, ceu. Ari pun alo, si néng Féni. Apan icalan seblakna téh sanés mung samet di lembur, dina onlén ogé aya. Janten urang mana waé gé tiasa mesen.” ceuk bu RT.

Siga néng Féni téa. Salian ti dagang di lembur, seblakna ogé didagangkeun dina facebook jeung whatsapp. Unggal poé geus solat subuh néng Féni balanja seblakeun ka pasar. Sabot manéhna sakola, seblak téh didagangkeun ku lanceukna heula.

“Oh, kitu nya? Atuh nyi Risna gé ieu dagangan anu aya di warung téh dionlénkeun wé.” ceuk ceu Ima.

“Astaghfirulloh!!” ceu Éci ngagorowok, matak reuwas nu ngadéngéna.

“Kunaon, ceu? Sok ngareureuwas kitu.”

“Abi téh pan keur ngagigihan. Tutung geura sigana ieu mah.” ceu Éci balik rurusuhan. Satengah jam di warung téh teu meuli nanaon, ngadon ngomongkeun bu Jamila wé.

Yérin, indungna, bu RT, jeung ceu Ima seuseurian.

“Dasar ceu Éci mah kabiasaan. Tos ah, nyi, abi mah mésér kiciwis sareng endog hungkul wé sakilo. Teu karaos ngobrol téh meuni satengah jam.” ceuk bu RT ngasongkeun balanjaanana.

Sanggeus mayar balanjaanana, Bu RT jeung ceu Ima kaluar ti warung. Saacan méngkol ka imahna, ceu Ima pok ngomong, “Nyi Risna, lamun bu Jamila tara jajan bala-bala ka dieu, berarti jajanna tina onlén. Héhéhé.”

Teu lila aya sora motor eureun di hareupeun warung. Pamuda jangkung leutik nyampeukeun indungna Yérin anu keur nuluykeun sasapu di buruan.

“Bu, punten, dupi bumina ibu Jamilatun Nisa di palih mana, nya?”

Barang nénjo saha nu nanya ka indungna, Yérin ngajenghok, “Husna?”

Duanana silih teuteup. Singhoréng pamuda éta téh babaturan sakelas Yérin di sakola.

“Yérin, di dieu bumi téh?”

“Muhun. Ari Husna aya naon geuning naroskeun bumi bu Jamila?” ceuk Yérin malik nanya.

“Abi badé ngajajapkeun orderan.” walon Husna ngagelenyu.

Yérin teu percaya bakal papanggih jeung Husna di lemburna, “Naha geuning tiasa kitu?”

“Apan abi sok ngojég onlén ayeuna mah. Tara unggal waktos, ari nyalsé wé ieu mah. Tamba kesel, étang-étang ngamangpaatkeun motor. Daripada calik di bumi. Héhéhé.”

Yérin gumujeng meuni imut. Atuh meuni beuki resep wé ka Husna téh. Keur téh bageur, pinter, mandiri, daékan deuih.

“Itu bumi bu Jamila mah lebet wé ka gang gédéngeun tajug. Aya geura bumi gedong, cét héjo.”

“Oh, muhun atuh. Abi ka ditu heula nya, Rin. Mangga bu..” ceuk Husna pamitan ka Yérin jeung ka indungna.

“Tah, mah, téh Féni sareng Husna téh conto générasi milénial téa, générasi anu tiasangamangfaatkeun kamajuan téhnologi” ceuk Yérin ka indungna.

“Turutan atuh ku Yérin. Gaduh hapé saé gé ari ngan dianggé nongton drama Koréa hungkul mah asa lebar. Meuning dianggé bisnis.”

“Abi gé mésér daun wé sakompét” ceuk ceu Ima.

10

Tangara

THE POWER OF MAKE UP

Ku Siti Robiah

“wah geulis nya” “manis pisan ih” “andalemina itu istri”

Geus biasa ayeuna mah omongan nu kitu téh, ku cara batur ningali ogé geus biasa, leuwih-leuwih lamun kuring keur aya di tempat ramé. Malah sok nepi ka aya nu ngahajakeun ménta nomer hapé, atawa nanya boga kabogoh acan. Kuring mah ukur ngajawab ku hampura wé, enya da kuring téh lain artis, atawa jalma anu ngaruh pikeun sasaha, barina ogé kalah sok kasieunan sakapeung mah ku kalakuan jalma anu jol datang ka kuring bari tatanya anu teu puguh.

Jeung ayeuna mah geus biasa narimakeun kalakuan-kalakuan babaturan anu ngadeukeutan pédah ku sabab. Naon anu kaalaman kuring ayeuna téh geus biasa waé ku kuring lakonan. Nu pasti mah jadi geulis téh ngeunaheun. Kabéh jalma hayang jadi babaturana, mun butuh aya waé nu nulungan, dipuji tiditu tidieu. Tapi ai dipuji mah sing saha waé ogé pasti bungah ai dipuji mah.

Tapi kuring nu sabenerna mah kuring anu teu dipikanyaho ku sasaha. Kuring téh katelah jalma tara dangdan, kalakuan kawas jalu, nepi ka jadi bahan écéun di sakola. Kuring anu sabenerna anu moal disangka-sangka ku sasaha, anu resep ngadéngékeun lagu sakahayang, maca jeung nonton film anu di pika resep sakumaha urang hayangna. Tapi masa-masa anu sakahayang éta ukur aya di lingkungan imah jeung jaman sakola smp. Tapi jadi diri sorangan kalah sok jadi bahan écéeun babaturan bari sok kamalinaan.

Ti saprak kuring jadi bahan écéeun barudak kuring nekadkeun sangkan kuring ogé bisa kawas batur. kuring ayeuna mah balik sakola ka toko make up heula najan céngcéléngan bobol ogé tapi kuring aya niatan pikeun robah penampilan sangkan genah katingalna.

Ayeuna di SMA jadi populér téh resep, euweuh kabisa gé nu penting geulis langsung diaku. Tapi aya hiji jalma anu tiis pisan, duka ka kuring hungkul duka ka sasaha ogé tiis. Manéhna téh balad di kelas tapi manéhna murid pindahan. Ngarana téh Wildan Firdaus, asalna

11

Tangara

mah ceunah ti kota, tapi duka belah mana da can pernah aya nu ngobrol jeung manéhna. Tap hiji waktu keur kuring jadi diri sorangan kuring amprok jeung manéhna. Enya keur kuring teu dangdan keur kuring jadi rada baragajul, pan di lingkungan sorangan jadi wani lamun jadi diri sorangan téh, kapan lamun diécé di lembur sorangan mah émang geus biasa, tapi da euweuh nu paduli ieuh ka kuring mah.

“alah ningalieun teu nya? Jaba keur kuleuheu.” Gegerendeng sorangan bari léos ka rak buku nu lain.

Enya kuring téh amprok jeung si tiis téh di toko komik langganan kuring. “ké, atawa imahna aya di daérah ieu?” ceuk kuring ngomong sorangan semu leutik sorana.

Keur milihan buku komik kalah aya kajadian narik buku anu sarua tina rakna. Nepi ka nu kuduna mah semu éra kawas di sinétron-sinétron, ieu mah kalah canggung teu puguh, éra, tapi manéhna mah tiis-tiis waé.

“heulaan urang ningalina, beu” bari nyokot bukuna

“har, ai si éta kunaon? Jol mangkat wéh, jeung dicokot deuih komikna” kuring kukulutus bari ningalikeun jalmana.

“kéla, apa si éta engeuheun urang sakelas? Engeuheun urang jadi goréng? Aduh kumaha ieu?” sapaparat jalan kuring teu genah rarasaan mikiran isuk kumaha di sakola. Tapi kuring masrahkeun rék kumaha waé isuk di sakola, paling lamun tungtungna di écé ku barudak kuring rék ménta pindah sakola wé ka kolot kuring, ka sakola anu teu kenal ka kuring.

“bu, moal sakola wé nya” “aéh, naha? Moal kuliah? Geus pinter nyah? Rék jadi naon kitu? Jig ditu wé sakola!” Heuh salah kalah diomongkeun, jadi wé kultum bada sarapan saacan mangkat sakola. “sok sok sakola, lulus ngan ijazah SMA mah moal bisa nanaon” témbal lanceuk kuring. Teu lila kuring mangkat, da asa horéam kudu lila lila ngadangukeun kultum.

Tapi alhamdulillah geuning si tiis biasa-biasa waé, barudak gé euweuh hawar kukumaha. Keun lah alhamdulillah wé.

14

Tangara

Sakola kuring biasa deui, euweuh nu di hawatirkeun, jeung deui kuring jeung si tiis jadi leuwih deukeut, duka kumaha mimitina mah, tapi nu ngamimitian ngobrol mah basa si tiis malikeun gantungan tas kuring anu teu murag. Tidinya kuring apal si tiis teu ciga gosip-gosip anu nyebar sasakolaeun.

“heh wili, naha teu kunanaon disebut nu anéh-anéh ku barudak sakola?” “naha kudu kunanaon?” “nya kan manéh teu ciga anu diomongkeun ku batur”

“enya keun wé, kan manusa bébas nganilai, nu penting mah ayeuna manéh geus apal urang kumaha, keun nu séjén mah”

Duka kunaoan kata-kata anu biasa waé, meureun euweuh maknaan ceuk manéhna mah tapi nyieun haté kuring deg-degan nepi kuring sieun si Wildan ngadéngéeun.

“wil, salian urang saha deui kitu babaturan manéh?” “emmm, manéh hungkul” “ih bohongna wé” “nya batur mah datang ka urang pédah pinter hungkul” “huuuuu, enya wé ah! bisi sombongna kaluar”

“aéh, tapi bener wid, ngan manéh nu daék ngadangukeun omongan teu jelas urang, ngabahas pr babarengan, kan rata-rata batur mah hayang anggeusna hungkul, manéh deuih anu sa selera jeung urang, matak mun ngobrol nyambung”

“haduuuuuh, heup wil heup bisi ngabeledug sirah diagul-agul kieu, hahaha”

Teu karasa waktu téh geus samporét, panon poé geus kaganti deui ku caang bulan, teu karasa tempat anu kapanggih ku duaan téh bisa ngeunaheun pikeun ngobrol.

Waktu ogé asa téréh pisan deuih, teu karasa kuring sakola téh téréh lulus. Kuring mah babaturan teu ngan si Wildan hungkul, malah loba kénéh awé-wé, pédah nu deukeut pisan mah ngan ukur duaan. Jeung babaturan lalaki mah aya nu sok ngamodus jeung lamun aya butuh hungkul anu benerna mah ukur Wildan.

Enya kuring jeung Wildan makin kadieu makin deukeut kuring ogé ngarasa aya nu béda ti Wildan, sikapna robah, leuwih perhatian jeung nyaaheun pisan. Komo saprak kuring

15

Tangara

kapanggih keur goréng, enya keur teu dangdan, geuning Wildan téh biasa waé, teu kuciwa teu naon, ngan ukur mésem.

Saprak Wildan geus apal kuring kumaha, kuring wani nyarita blak-blakan kuring téh kumaha jeung kunaon pangna kitu. Wildan mah teu ngomén saeutik-eutik acan.

“keun wé, Wildan mah resep kieu téh, Wildan jadi anu pangheulana apal” “hé, ih heup gera ah sok kalah jadi dag-dig-dug teu puguh yeuh, éra bisi kadanguan” “keun wé, kapan Widi nyaah lin ka Wildan?” “aéh, jol” “kunaon? Nyaah teu?” “nya nyaah atuh, pan matak dicaritakeun téh ngarah teu kuciwa.” “jadian wé atuh yu” “jol jadian” “apan nyaah lin? Kan Widi mah tos terang Wildan téh nyaah pisan ka Widi” “atuh meni rareuwa ieu téh,” “jadi, édék apa moal yeuh?” “nya hayu atu” “tah kitu”

Kuring jeung Wildan harita jol jadian, tapi kuring mah bungah wé da émang geus padapada nyaah, teu karasa téréh kana UN, kuring jeung Wildan mah kawas sasari, teu aya nu béda sok sanajan kanyaah ayeuna mah maké pengakuan, enya kuring diaku kabogoh. Tapi kahirupan kuring jeung Wildan mah kawas biasa. Heureuy, diajar, diskusi, nepi ka ulin kawas biasa kuring masih babaturan kénéh tapi kuring teu kesel, malah bungah kacida. Bungah bisa jadi diri sorangan dihareupeun jalma anu dipikanyaah.

14

Tangara

SubuhKu Siti Hanifah

Barang lulus SD, si mamah sareng si bapa miwarang abdi ka pasantrén, nya bari jeung teu keyeng ogé kumaha deui, da kumaha-kumahana ogé paréntah kolot mah kedah di jalankeun pikeun abdi kapayuna. Abi di jajapkeun ka pasantrén ku sadaya saeusi imah, nyaéta diantawisna aya mamah, bapa, tétéh, emang, alo, sareng nini anu ti bapa.

Barang nepi di pasantrén abdi ceurik, ku sabab alim jauh ti kolot, tapi da lain abi nyalira nu ceurik réréncangan ogé careurik kusabab sedih jauh ti kolot sareng kulawarga. Ah pokonamah sedihna kacida pisan. Teras abi gaduh réréncangan urang Jakarta, aya nu urang Jawa, Médan, Jambi, Garut. ahh pokonamah seueur nu leuwih jauh tibatan abdi. Da rék kumaha waé ogé ieu téhpikeun abdi ogé, komo asup ka pasantren téh kahoyong mamah sareng bapa, tangtos pisan bapa sareng mamah abi bungah pisan.

Saminggon diditu Abi sareng réréncangan tos akrab, silih patukeur carita ngeunaan kulawarga, réréncangan di lembur, karesep, pokoina mah sagala dicaritakeun. Di

pasantrén ogé sholat anu lima waktu kedah berjamaah, iwal mun nuju teu damang. Alhamdulillah pangaping asramana ogé saroméah, ngawartosan ka santri anyarna téh. Komo deui pupuhuna mah mani bageur pisan jeung mikanyaah ka sakabéh santri téh. Nahh aya dimana kajadian nu nyieun abi sareng rerencangan seuri nyakakak pisan. Pas keur sholat subuh berjamaah Aya dua kajadian nu pikaseurieun, pas rokaat Kahiji posisina keur ruku' si Tuti hitut tarik pisan, panginten ku tirisna subuh jadi wéh hitutna mani tarik pisan ngéléhkeun sora sasakala, nu ngadangu sora hitut si tuti téh sanajan keur sholat loba nu nyakakak, teras masih aya hiji deui kajadian pas keur sholat subuh, nyaéta pas rokaat ka dua, si Ismi teu hujan teu angin nyusruk kana aspal, nya sugan téh keur lieur, capé, atawa lungsé, éhhh da gening mah cenah bakat ku tunduh nu di tahan, teras abi mah ngadon lieur. Kahiji hayang seuri kadua karunya ongkoh. Tapi kalah teu khusu sholat téh, lakusabab aya dua kajadian éta nu nyieun abdi nyakakak pisan nepi ka hoyong modol ogé teu janten.

15

Tangara

POÉ MIMITI KELAS 1 SMAKu Shakila Nashira

Harita mimiti asup sakola, kelas 1 SMA. Harita paéra-éra kénéh jang wawanohan. Tapi ah kuring mah wani wé jang wawanohan, harita babaturan kuring baranyol komo barudak lalaki mah pokonamah seru. Kuring sabangku jeung babaturan kuring pas SMP teu ai akrab mah. Ngan, wanoh wé kitu sabab pernah saorganisasi bareng. Ani ngarana téh, awakna leutik, bodas, sorana cempréng, jeung nya rada lemot saeutik, kuring sabangku jeung manéh na sabab paménta manéhna “Kil. Sabangku yu ah!” kitu pokna téh. Nya kuring téh ngahayukeun wé da can aya nu wanoh harita mah.

Kuring jeung babaturan séjén geus apal kelas dimana, babaturan kuring lalumpatan paboro-boro bangku méh diuk di hareup, tapi kuring jeung Ani mah santai wé da pasti kabagéan bangku. Baé ditukang gé. Pas batur keur lalumpatan si Ani mah ngadon ménta anteur ka cai mules cenah mah, kuring embung nganteur sabab sieun kaburu aya Guru, harita mah sieun kénéh da murid anyar téa. Da bener wé geus aya Guru nu diuk dina méja Guru. Kuring jeung Ani nu can kabagéan bangku jang diuk buru-buru salam ka éta Guru, néang bangku nu kosong kabeneran nu kosong téh di tukang tapi da teu nanaon sarua niatna rék diajar.

Pas Guru keur wawanohan beungeut na ngadon teu puguh kacida. Kuring nanya “Ani. Manéh kunaon?” si Ani teu ngajawab tapi beungeut ngadon beuki teu puguh, kuring bingung kudu kumaha, kudu ménta tulung kasaha sabab can pati wanoh jeung babaturan séjénna. Pas ditanya deui manéh na ngajawab teu nanaon cenah. Nya sukur wé ai teu nanaon mah kuring rada ngemplong. Pas jam istirahat kuring jajan ka kantin sakola tapi teu jeung si Ani da diajak téh embung waé beungeut na teu puguh deui , tapi mun ditanya ngajawabna teu

nanaon waé. “Nya atuh kuring jajan heula da lapar, mun aya nanaon mah bébéja wéh” ceuk kuring ka Ani, manéhna unggeuk satuju ku omongan kuring

Bérés jajan langsung asup deui pelajaran ka tilu, kéla kéla.... si Ani nu asalna beungeut na teu puguh ayeuna geus tenang geus bisa akrab jeung babaturan, geus bisa ngobrol jiga biasana tapi teu ingkah-ingkah tina bangku, tuluy gék diuk. Pas aya guru kuring langsung diuk di gigireun si Ani. Lila kalilaan kuring ngambeu bau nu teu ngeunah, bau pisan kacida. Bél disada nyirikeun yén waktu na balik, si Ani ayeuna beugeut na bingung jiga nu teu atoh rék balik ka imah téh, pok wé manéh na téh jujur ka kuring yén manéh na téh kababayan cakakak kuring seuri teu eureun-eureun, si Ani ge jujur ka babaturan séjéna atuh si Ani beuki di seungseurikeun tapi si Ani teu baeud siéta mah kalahkah milu seuseurian. “Héy Si Ani busiaatttttt, Hahhahaah....” ceuk salah sahiji budak lalaki tapi alusna si Ani téh teu babarian rék dikumaha-kumaha gé. “Paingan wé tatadi manéh cicing waé, diajak jajan embung, cicing wé na korsi bari nyoo HP, bieu pas bérés istirahat gé di bangku ieu bau pas kitu manéh busiat Hahahahaha..” Ceuk kuring ka si Ani, “Da manéh tadi isuk-isuk embung nganteur kuring ka cai jadi wé kieu” tembal Ani bari seuseurian. Tidinya pas di sakola geus euweuh sasaha kuring nganteurkeun si Ani ka gerbang sakola bari ngageroan tukang ojég ngarah si Ani balik naék ojég. Pas geus aya tukang ojég pok wé kuring ngomong “Mang kadé nya ieu kababayan, nitip nya mang. Jeung kadé bisi jok na bau Hahahaha..” kuring, Ani, jeung tukang ojég harita seuseurian teu eureun-eureun di hareupeun gerbang sakola. Nepi ayeuna kuring sok ngomong “Kadé nya Ni ulah kababayaan deui éra geus gedé ayeuna mah hahaha...” Ani anii.. kuring sono ka manéhna.

16

Tangara

Obat Lieur

Bada maghrib Pena katarajang lieur sirah aya paniatan rék meuli obat ngan teu apal obat naon nu kudu di beuli téh. Kabeneran di buruan loba tatangga nu keur ngahaja ngariung sabari ngobrol.

Udi : “Kunaon manéh Pena?”Pena : “Uing lieur sirah, Di.”Udi : “Geura meuli obat, atuh”

Pena : “Puguh arék, ngan teu apal naon atuh ubar keur panyakit lieur.”

Mahmud : “Obat panyakit lieur mah dagorin.” (témbal Mahmud nu diuk dijuru)

Dasar Pena jalma nu teu ngarti nanaon, jol indit wé ka warung panasaran ku obat lieur.

Nani : “Aya naon, Mang?”

Pena : “Hayang dagorin, Ni. Mang lieur sirah, sabarahaannya?”

Nani : (Seuri leutik)“Sok atuh, rék kana témbok atawa ka juru warung?”

Pena : “Yeuh buru atuh, Mang geus teu kuat ieu sirah lieur pisan!”

Nani : “Obat lieur mah lain dagorin mang, tah nu kieu oskedeng atawa paramang!”

“Ih ceuk urang ulah lumpat!”

Si Ayuni geus nepi di ujung pas nempo ka si Lalamanéhna kalah ngabarakatak.

“Mana nu teu sieun téh?”

“Enya aing bohong da aing ogé sieun, tulung Yun”

Keur ngomong kitu téh si Lala geus naék kana tangkalbakat ku sieun monyét.

Si Bongkok

Aya barudak SD anu keur ulin di hiji kelas bari tatarucingan. diantarana aya Asok jeung Budin.

Budin : “Naon bédana nu bongkok jeung nu jagjag dina saréna?”.

Asok : “Ari anu jagjag mah biasa saréna nangkarak, ari anu bongkok mah morongkol da bongkok”.

Budin : “Salah belegug!”.Asok : “Naon atuh jawabanna Din?”.

Budin : “Nya sarua waé atuh, edek nu bongkok edek nu jagjag, da saré na mah sarua peureum.”

Monyét

Lala jeung Ayuni milu kagiatan study tour pramuka ti sakolana ka Karangkamulian. Didinya loba pisan sato monyét. Acara bérés maranéhna jeung rombongan leumpang balik ka parkiran, Lala jeung Ayuni misahkeun karep ti rombongan.

“La, kumaha atuh bisi aya monyét nyegat di hareup?”

“Moal yakin sok ka urang”

Teu lila nyaan aya monyét nu nyegat.

“Tuh, La aya monyet urang sieun!”

“Ah... manéh mah, cicingnya mun ceuk urang leumpang nya leumpang ulah lumpat!”

“Nya, tapi sieun”

Teu lila si Ayuni malah lumpat bakat ku sieun.

Lumpuh

Sakumaha sasari, ari aki ka incu mah sok mapatahan, da kolot mah hayang boga incu téh nu jujur tur sukses jaga engké teh.

Abah : “Yeuh Jang, ari sakolatéh kudu sumanget, kudu soson-soson, kudu daria.”

Budak : “Oh muhun Bah siap”

Abah : “Abah mah komo baheula, indit sakola téh jauh. Aya kanu 10 km mah.”

Budak : “Maenya, Bah?”Abah : “Enya, pan ayeuna hasilna”.Budak : “Naon Bah hasilna?”Abah : “Lumpuh jang.”

Kontributor : Yayan Taryana, Syahrul Muhaemin Aziz, jeung Tedi Pirmansyah

19

Tangara

Moal Poho

Ku Irma Nurhidayah

Panon poé nyorot kana kembang Ningalikeun carita nu kaliwat Wanci nu ngarasakeun kabungah Dina cinta anu munggaran

Hanjakal éta cinta laas Lantaran anjeun kagoda Seungitna kembang anu leuwih ti kuring Pegat saméméh ngahiji

Bangku bulao nu nyakséni simpé, Daun rag-rag bari surak, Mayak pabalatak,

Mapag hujanleutik nu ngaririncik, Nu liwat ukur ngaliwat Écét-écét raéng récét,

Tutuwuhan bangun ngiuhan, Nalika gunem catur urang duaan,

Nyuruluk cimata kuring Geus pinasti nyeri kabina-bina Éta carita moal poho Cicing pageuh dina jero haté kuring

Nodong omong panonna mencrongNgabalakan najan lalaunanMeni halimpu écés kadangu

Hirup

Ku Rifkia Ali

Sanajan hésé kudu dilakonan Nu teu bisa coba dileukeunan Hirup mah pinuh ku gogoda Puguh gé loba cocoba

Harita

Ku Najmy Adila

Imut anjeun teu weléh kaémut,

Akang... Abi sono ka akang!!! Geumpeur semu ngeleper Renghap beurat gegebegan Nyéak kana kumuut Teu puguh polah, teu puguh lampah

Haté kuring béak léngkah Bungah sabungah bungahna

Gening... Harita ukur carita Kiwari nyésa seueulna

Pameunteu nu teu meunang henteu

Kacipta, karasa,Mapay-mapay rasa katresna

20

Tangara

Eungap...

Méméh Nocturno

Ku Luki Faisal Fajar

Manéhna mulangKa hinghieum leuweung beureumMuru haneut panungtunganRuhay durukanNgasumba raray sapeuntasnaSésa pirunan mangusum cintaTi mula sasakala

Implengan Antiem

Ku Ilham Faturahman

Ngadalingding seungit kembang kahémanWanoja Antiem dina implenganNyorot soca kana rupa,sérab kataraMalik kabagelan alatan lila netepan

Sorot hawar-hawar renyem, kelemet silouete rupa na amit tilem.

Sukma mirasa hal nu ningnangSuklak-sikluk dina jajatén.Sumarambah sakuliah diri.Weléh inget weléh ngusik.Panyinglar kasimpé haté

Kasono

Ku Rafi Apiyudin

Naon hartina ngimpi, nalika tibra kasentak tina peuting anu jempling

Di teang ku kuring, ti isuk jedur ka soré mongklék

Nyeri...Dunya sigah kapal anu geus karamNgerelep kajero anu euweuh wates naEuweuh nu leuwih pasti tibatan poék;

Waktu bulan kaleungitan caangna jeung béntar kaleungitan kilatna.

Aya teu nu leuwih nyeuri tibatan haté nu sono?

Meni hayang nénjo wanoja nu kungsi nyilengkeum dina ieu haté

Tapi, sial akrab waé jeung diri kuring.

Hampura

Ku Rian Apriliansyah

Wanci peuting jadi saksiBray beurang nyaangan rasaCur cimata mapay pipiLeumpang hampang taya ka ringrang

Nyentug keun manah beunang rasaNginget-nginget laku lampah nu katotolonjongSakur bisa sumujud pasrahHampura gusti

Harita

Ku Adelle

Sakapeung mah kokolébatan katingali dedeganana.Harita. Najan poék mongkléng gé tapi haget aya maturan.

Najan leueur pipaureun labuh, tapi gemet nunungtun. Kiwari geus taya deui.

Ukur kuring jeung haréwos angin.

19

Tangara

Nu KapopohokeunNenden Ayuni

Lailatul QodarImanudin Abdurohman

Kukurubukan, sora beuteung si Nini ménta dieusian. Tapi geus tilu poé si Nini euweuh kahayang jang dahar. Lain rujit loba kahayang kusabab sagala ogé bisa ka cumponan, kari nelepon salah sahiji anakna, moal lila datang nu nganteuran. Ngan batur, lain anakna langsung. Jelema nu teu dipikawawuh nu jadi panitahan anakna sangkan mikeun naon waé nu jadi kahayang si Nini. Nu disebut ojek online téa geuning. Babarinya? Babari ayeunamah nalingakeun kolot téh. Euweuh wé meureun hariwang kolot sorangan di imah téh. Nanya kabar meunang ku teleponan. Hayang ningali waruga meunang ku nu disebut video call-an. Teu kudu teuing langsung nepungan.

Anak-anak si Nini téh saribuk ngagugulung pagawéan. Hirupna geus maraju, imah geus kabareuli sorangan, kandaraan geus boga hiji séwang, henteu wé ngarasa kasusah si Nini baheula mah. Tujuan si Nini téh geus jadi kanyataan. Ngabungahkeun, ngabagjakeun nu jadi anak sangkan henteu hirup balangsak. Tapi geuning, manéhna jadi kaleungitan. Ceuk tadina mah mun anak-anak si Nini geus jaradi jalema téh, disésa umurna, si Nini hirup genah, ngariung di imah gedong teu hariwang mikiran biaya hirup isukan. Tapi salah geuning.

“Gusti, punut waé kitu kabeungharan maranéhanana téh? Da abdi alim ditatalingakeun jiga kieu waé. Sieun nemahan pati euweuh nu nungkulan,” ceuk si Nini bari indit nobas. Cai matana ngeclak. Nyeri ari kudu ngadu’akitumah da moal téga ari kudu ningali nu dipikanyaahna salangsaramah.

“Astagfirullahaladzim…” ceuk si Nini sabab sadar nu digerenteskeuna bieu. “Paralunteuingkétang. Abdi wégusti nu dipunutmah. Hoyong geura panggih si Aki dikaabadian.”

Mangsa peuting harita, Adi anu kakara kelas hiji ésdé balik lulumpatan peuting-peuting sabérés tarawéh. Gebrak, panto dibuka sataker habek.

“Mah...

Mah...”

Ngagorowok

semu

ngadegdeg.

reuwas.

“Kunaon ari ujang?”“Aa... Aa bungah pisan, Mah!” ngahégak

“Bungah kunaon peuting-peuting kieu?”, beungeutna kerung.

“Ayeuna téh peuting Lailatul Qodar, Mah!”, ngajrét céngos alabatan atohna.

“Apal timana ari ujang ayeuna Lailatul

Qodar?”

Manehna ngarenghap tarik heula, tuluy nyaritakeun deui pinuh sumanget.“Sok coba geura ku Mamah reugeukeun, mani tiiseun téh euweuh sora sasatoan acan, kapanan ceuk ustad gé salah sahiji kila-kilana téh kitu, Mah. Yén peuting Lailatul Qodar téh simpé pisan!”, ngayakinkeun manéh.

Indungna seuri, “Jang, arék ngadéngé sato naon didieu? Kapanan tatangkalan anu jadi imahna gé geus areuweuh éna mah”

“Naha émang kamarana kitu, Mah?”, beungeut bingung.

“Sato na gé kapanan sok ditumpakan ku ujang ka sakola unggal poé eung si Apa éna mah, tatangkalana gé geus robah jarangkung gedé jaba aya liftan, kan ujang ogé sok naék mun ulin ka mol téh”.

“Enya kitu?”, masih bingungeun kénéh.

“Enya, jang. Sok wé tempo ka luar, geus euweuh sora-sora bueuk acan, da tangkalna gé kapanan geus ditaluaran jang dijieun bahan bangunan nu ahéng”

Ti saprak peuting harita, manéhna jadi ngahuleg waé, mikiran sato naon anu sok ditumpakan ku manéhna. Jeung mikiran tangkal naon anu aya liftan.

20

Tangara

Monolog Apun Gencay dina Raraga Miéling Poé Basa IndungKu Ussy Kusuma

A

pun Gencay mangrupakeun carita ngeunaan wanoja kembang désa Cikembar. Apun, ngaran éta wanoja pikeun dirina siga bidadari kahyangan mani geulis campernik, wajar mun loba lalaki anu bogoheun jeung hayang mikamilik ka anjeunna. Sapopoéna Apun sok ngabantuan kolotna gawédikebon kopi bogana dalem Cianjur, ningali kageulisanna dalem Cianjur ogé nepi kabandang ku diri Apun.

Dalem Cianjur atawa disebut ogé Kanjeng Dalem anu kasohor raja beunghar tur ngabogaan pangawakan jangkung leutik gagah naker, paromanna kasép ngawirahma. Anjeunna datang ka imah rek ngalamar Apun, kolot Apun ogé teu bisa walakaya ngan saukur bisa narima kana lamaran éta. Teu kungsi lila Apun dibawa ka pendopo dipadaleman Cianjur tempatna Kanjeng Dalem, Apun ngan bisa pasrah sabab kudu ninggalkeun kahirupanna di Cikembar jeung kudu bisa narima kahirup dipadaleman. Ngadéngé Apun aya nu ngalamar, Ki Soma anu mangrupakeun kakasih Apun kacida reuwasna sanajan can aya patalian nanaon jeung Apun tapi Ki Soma jangji rék ngalamar Apun. Ku bakat ambekna Ki Soma rék ngawales kajadian ieu kumaha waé caranamah.

Kacaritakeun dipendopo Cianjur, Apun jeung Kanjeng Dalem keur suka bungah baris rék didahup ku papayung nagri anu tinggal sababaraha poédeui. Ninggang dikabéh pada riweuh keur nyiapkeun sisiapan dipendopo jeung karaméannana Ki Soma datang nyulusup

ka pendopo bari nyamar rék maéhan Kanjeng Dalem. Katempo Kanjeng Dalem keur ngabaheuhay bari diuk dina korsi, geura waé Ki Soma nyampeurkeun ka hareupeunnana bari mawa bedog. Bles, bedog téh ditubleskeun kana patuangannana, kacida reuwasna sakabéh jalma nu di pendopo. Ningal kajadian éta lanceukna Kanjeng Dalem nyaéta Mas Purwa langsung waé marieuskeun beuheungna Ki Soma bari nubleskeun bedog kana jajantungannana sababaraha kali. Apun teu bisa walakaya nempo kaayaan Kanjeng Dalem nu geus teu nyawaan bari jeung getih ngalucuran tina patuangannana. Apun dipituduh yén kajadian ieu téh disababkeun ku Apun. Geus kitu Apun balik deui ka lemburna di Cikembar, gawéna ngan ngahuleng waé nepi ka gering parna, teu lila maot mawa duriatna anu teu kungsi kebat.

Dina ahir carita

Apun Gencay nepikeun pesen moral anu eusina yén sakabeh jalma ngabogaan parasaan anu sarua boh éta kasenang atawa kasedih.

Ceuk simkuring carita ieu alus pisan boh tina naskahna atawa nu midangkeunnana. Fani Hatinda anu midangkeun monolog Apun Gencay nu mangrupakeun mahasiswa jurusan sastra Inggris, boh tina penampilan, sora, anggoan jeung sajabana bisa ngajieun panongton nu aya didinya ngarasakeun suasana nu kagambar dina naskah éta. Kuring ogé satuju ka nu cariosan ti Bapa Yus Rusyana yén leuwih alus mun carita ieu lain ngan saukur jadi monolog tapi bisa dipaénkeun ku sababaraha jalma nu aya dina éta naskah sangkan ieu carita bisa leuwih hirup deui.

21

Tangara

Mintonkeun Kasenian Pikeun Miéling Poé Basa IndungKu Ihsyan Sundusi

P amass Unpad Ngayakeun kagiatan miéling poé basa indung sadunya nu lokasina di Garut Kp. Ciburial Sabtu soré.

Kagiatan miéling poé basa indung sadunya ieu ngalibetkeun Mahasiswa Sastra Sunda Unpad jeung Rawayan Jati.

Dina acara ieu mintonkeun sababaraha pintonan kawit ti maca sajak, musikalisasi puisi, Tari, jeung Longsér.

Acara miéling poé basa indung sadunya ieu tos kalebet janten acara taunan ti Biro Palé Ais pangampih Pamass Unpad.

Saur nu Nari

"Acara kawilang suksés, ramé, seueur nu tiasa dicandak tina ieu kagiatan kanggo mintonkeun bakat sewang-sewangan, harepan kanggo kapayunna kedah tiasa ngamumulé tur ngajaga budaya Sunda kucara miéling poé basa indung ieu"

22

This article is from: